".....tapi harita si kuring neangan calon indung budak teh nu daek we. bari
jeung dituduhkeun pun biang. neangan nu daek ripuh, daek lieur, daek susah
boga salaki butut siga si kuring hehe...."

Sayah mah lain... waktos pun Aki nganjurkeun milarian bojo teh " Ulah asal
geulis wae..tapi kudu alus jang Bibit ". Waktos eta hayang seuri kawas Hayam
atawa Lauk wae....Hiji waktos manehna ngomongkeun aya wanoja saderek
jauh...pas ditingalikeun teh..leres..bodas..geulislah..rapih..ngan kelas na
kalebet kelas berat alias overweight. Pas ku sayah dikomentaran ka
Aki...manehna nyegag rada ngambek.." Di pangneangankeun nu alus keur
Bibit..kalahka mumul..maneh mah ngaco.."  Dipikir2 Aki mah nya nyaah ka incu
...

On 11/12/09, mang jamal <[email protected]> wrote:
>
>
>
> nambahan kang syam, tamba tiris
>
> palebah aya lembur cara di bandung kulon, cibabat, kumahan tah toponimi
> (asal usul ngaran tempat) eta? naha baheula loba babat di dinya? babat mah
> lain kantong dahareun dina beuteung (sapi domba).
>
> dina urusan neangan jodo, us-uj sigana sarua papada make atawa boga jurus
> b3:
> bibit
> bebet
> bobot
>
> kira-kira anak saha atawa turunan saha (bibit), gawe atawa
> pakasaban/profesina naon (bobot). harti bobot asana mah ukuran beurat,
> abot basa menak pikeun beurat. dipake dibasa nasional, kapal berbobot mati
> sakitu. hari bebet naon nya? sigana faktor ekonomi kuat lemahna, beunghar
> miskina.
>
> nu make u, baubut, dilarapkeun kana mesin bubut
>
> tapi harita si kuring neangan calon indung budak teh nu daek we. bari
> jeung dituduhkeun pun biang. neangan nu daek ripuh, daek lieur, daek susah
> boga salaki butut siga si kuring hehe...
>
> mj
>
> > Lain nek nyaitakeun"bibit nu remen diberitakeun na tipi, ieu mah nek
> > nyaritakeun kecap bibit dina basa sunda kadang sok loba hartina. Beda
> > harti beda oge ngalarapkeunana. Contona bibit anu hartina binih, bisa
> > pikeun tatangkalan, tutuwuhan atawa pikeun lauk. Ngan kahade harti bibit
> > jang lauk mah bisa dua harti, bisa jang anakna oge jang indungna. Mun aya
> > kecap panyarek model kieu meureun rada bingung jeung kudu ditegeskeun
> deui
> > "Kade ulah diala bibitna mah lauk teh!" naha kecap panyarek eta nyarek
> > ngala anakna atawa indungna?
> >
> > Kecap bibit sok dihartikeun oge "biang" mun jang gula atawa minyak
> > seungit. Lamun ditambah kecap "buit" dihareupna jadi bibit buit nu
> hartina
> > asal muasal. Mun dikorehan deui mah meureun loba keneh kecap nu samodel
> > kitu.
> >
> > Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "a" jadi babat, terus make kecap
> soto
> > ditukangna atawa make kecap goreng kekeb dihareupna, tah eta mah kasedep
> > uing!
> >
> > cag!
>
>  
>

Kirim email ke