Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "eu" 
jadi beubeut, terus make kecap "Ti" dipayuna
mangkahade Tibeubeut.......................

 wassalam:


Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju




________________________________
From: kuyabageur <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, August 25, 2009 6:29:06
Subject: [Urang Sunda] BIBIT

  
Lain nek nyaritakeun "bibit" nu remen diberitakeun 
na tipi, ieu mah nek nyaritakeun kecap bibit dina basa sunda kadang sok 
loba hartina. Beda harti beda oge ngalarapkeunana. Contona bibit anu hartina 
binih, bisa pikeun tatangkalan, tutuwuhan atawa pikeun lauk. Ngan kahade 
harti bibit jang lauk mah bisa dua harti, bisa jang anakna oge jang indungna. 
Mun aya kecap panyarek model kieu meureun rada bingung jeung kudu 
ditegeskeun deui "Kade ulah diala bibitna mah lauk teh!" naha kecap 
panyarek eta nyarek ngala anakna atawa indungna?
 
Kecap bibit sok dihartikeun oge "biang" mun jang 
gula atawa minyak seungit. Lamun ditambah kecap "buit" 
dihareupna jadi bibit buit nu hartina asal muasal. Mun dikorehan deui 
mah meureun loba keneh kecap nu samodel kitu.
 
Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "a" 
jadi babat, terus make kecap soto ditukangna atawa make kecap goreng kekeb 
dihareupna, tah eta mah kasedep uing!
 
cag!
 


      Get your preferred Email name!
Now you can @ymail.com and @rocketmail.com. 
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/aa/

Kirim email ke