nambahan kang syam, tamba tiris palebah aya lembur cara di bandung kulon, cibabat, kumahan tah toponimi (asal usul ngaran tempat) eta? naha baheula loba babat di dinya? babat mah lain kantong dahareun dina beuteung (sapi domba).
dina urusan neangan jodo, us-uj sigana sarua papada make atawa boga jurus b3: bibit bebet bobot kira-kira anak saha atawa turunan saha (bibit), gawe atawa pakasaban/profesina naon (bobot). harti bobot asana mah ukuran beurat, abot basa menak pikeun beurat. dipake dibasa nasional, kapal berbobot mati sakitu. hari bebet naon nya? sigana faktor ekonomi kuat lemahna, beunghar miskina. nu make u, baubut, dilarapkeun kana mesin bubut tapi harita si kuring neangan calon indung budak teh nu daek we. bari jeung dituduhkeun pun biang. neangan nu daek ripuh, daek lieur, daek susah boga salaki butut siga si kuring hehe... mj > Lain nek nyaitakeun"bibit nu remen diberitakeun na tipi, ieu mah nek > nyaritakeun kecap bibit dina basa sunda kadang sok loba hartina. Beda > harti beda oge ngalarapkeunana. Contona bibit anu hartina binih, bisa > pikeun tatangkalan, tutuwuhan atawa pikeun lauk. Ngan kahade harti bibit > jang lauk mah bisa dua harti, bisa jang anakna oge jang indungna. Mun aya > kecap panyarek model kieu meureun rada bingung jeung kudu ditegeskeun deui > "Kade ulah diala bibitna mah lauk teh!" naha kecap panyarek eta nyarek > ngala anakna atawa indungna? > > Kecap bibit sok dihartikeun oge "biang" mun jang gula atawa minyak > seungit. Lamun ditambah kecap "buit" dihareupna jadi bibit buit nu hartina > asal muasal. Mun dikorehan deui mah meureun loba keneh kecap nu samodel > kitu. > > Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "a" jadi babat, terus make kecap soto > ditukangna atawa make kecap goreng kekeb dihareupna, tah eta mah kasedep > uing! > > cag!

