Heuheu....soto babat?
Babat
Bibit
Bubut
Bebet
Bobot
kade bisi ti Beubeut.....

jangdede


2009/11/12, mang jamal <[email protected]>:
>
>
>
> nambahan kang syam, tamba tiris
>
> palebah aya lembur cara di bandung kulon, cibabat, kumahan tah toponimi
> (asal usul ngaran tempat) eta? naha baheula loba babat di dinya? babat mah
> lain kantong dahareun dina beuteung (sapi domba).
>
> dina urusan neangan jodo, us-uj sigana sarua papada make atawa boga jurus
> b3:
> bibit
> bebet
> bobot
>
> kira-kira anak saha atawa turunan saha (bibit), gawe atawa
> pakasaban/profesina naon (bobot). harti bobot asana mah ukuran beurat,
> abot basa menak pikeun beurat. dipake dibasa nasional, kapal berbobot mati
> sakitu. hari bebet naon nya? sigana faktor ekonomi kuat lemahna, beunghar
> miskina.
>
> nu make u, baubut, dilarapkeun kana mesin bubut
>
> tapi harita si kuring neangan calon indung budak teh nu daek we. bari
> jeung dituduhkeun pun biang. neangan nu daek ripuh, daek lieur, daek susah
> boga salaki butut siga si kuring hehe...
>
> mj
>
> > Lain nek nyaitakeun"bibit nu remen diberitakeun na tipi, ieu mah nek
> > nyaritakeun kecap bibit dina basa sunda kadang sok loba hartina. Beda
> > harti beda oge ngalarapkeunana. Contona bibit anu hartina binih, bisa
> > pikeun tatangkalan, tutuwuhan atawa pikeun lauk. Ngan kahade harti bibit
> > jang lauk mah bisa dua harti, bisa jang anakna oge jang indungna. Mun aya
> > kecap panyarek model kieu meureun rada bingung jeung kudu ditegeskeun
> deui
> > "Kade ulah diala bibitna mah lauk teh!" naha kecap panyarek eta nyarek
> > ngala anakna atawa indungna?
> >
> > Kecap bibit sok dihartikeun oge "biang" mun jang gula atawa minyak
> > seungit. Lamun ditambah kecap "buit" dihareupna jadi bibit buit nu
> hartina
> > asal muasal. Mun dikorehan deui mah meureun loba keneh kecap nu samodel
> > kitu.
> >
> > Lamun kecap bibit, "i" na diganti ku "a" jadi babat, terus make kecap
> soto
> > ditukangna atawa make kecap goreng kekeb dihareupna, tah eta mah kasedep
> > uing!
> >
> > cag!
>
> 
>

Kirim email ke