Cep, nuhun pisan kana panggeuingna. Leres, kedah prihatin upami urang Sunda henteu wanoh kana aksara sunda. Di mana lepatna?
Teu aya nu lepat, aya oge sababna. Kahiji,pangna seueur nu teu wanoh kana aksara Sunda teh, wireh aksara Sunda teu digunakeun dina kahirupan sapopoe, utamina dina basa tinulis. Margi, aksara anu dipake ayeuna, aksara laten, kawas urang kieu. Kadua, nalika Prof Dr Ekajati ngebrehkeun pamendakna ngeunaan aksara Sunda anu asli banda urang Sunda (KAGANGA), harita balarea rada kerung, wireh anu dikanyahokeun samemehna aksara Sunda teh HANACARAKA tea. Faktana, keur mah eukeur kana HANACARAKA oge geus ampir poho, ayeuna aya beja anyar ngeunaan KAGANGA anu sosialisasina kamanjon, teu asak, nu ahirna balarea bingung. HANACARAKA geus poho, KAGANGA teu wanoh, nya lapur....kabeh kalamot. Mun tea mah aya anu sapikiran jeung urang, lamun aksara SUNDA hayang dipikawanoh deui ku incu-buyut atawa seuweu-siwi Ki Sunda, eta aksara kudu ditembongkeun. Sanajan teu dipake dina kahirupan sapopoe oge, atuh sakurang-kurangna pake dina PAPAN NAMA. Contona: JALAN PAJAJARAN (barengan ku aksara Sunda KAGANGA) KANTOR BUPATI KARANGTUMARITIS (barengan ku aksara Sunda KAGANGA) Jeung sajabana, jeung sajabana. Kira-kirana bisa, moal? Ah, biiiiisa. Geuning di Jakarta, di Bali, di Jogja jeung di tempat sejen, bisa. Ngan dibarenganana ku tulisan dina basa Inggris, lain ku aksara Sunda. Contona: BUKA/OPEN DILARANG MEROKOK/NO SMOKING Kumaha mun kieu: DILARANG MEROKOK / ULAH UDUD (ulah udud tulis ku aksara Sunda) Kitu tah, Cep. Hehehehe..prung ah... --- Pada Sen, 29/3/10, Encep <[email protected]> menulis: Dari: Encep <[email protected]> Judul: [Urang Sunda] Aksara Sunda Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 29 Maret, 2010, 3:42 PM Hapunten nu kasuhun tisadayana, ieu seratan bilih ngadupak kana manah urang sadaya. Asa ku reugreug, gening urang sunda teh tos seueur anu "melek teknologi" teu gaptek teu kuper. Buktosna dina ieu forum sakitu seeurna nu ngangken urang sunda. Mung sakedik patarosan sim kuring, kinten-kinten aya sabaraha urang (sabaraha persen) nu ngangken urang sunda bari terang kana aksara sunda. Sim kuring kantos iseng turas taros ka sabaraha jalmi, boh murid sakola, ka pagawe, jeung masarakat umum. Gening seuseueurna mah teu terangeun kana aksara sunda. Bujeng-bujeng kana cara maca na, kana rupa aksara sareng seueurna ge teu terangan. Kinten-kinten dipalih mana lepatna ieu pasualan. Cenah urang teh kudu ngamumule kana seni sareng budaya na sorangan, tapi kana eta aksara sunda dihare-harekeun. kanggo nu hoyong terang conto aksara sunda diantos di http://rradensunda. blogspot. com tiasa di donlod (naon nya basa sunda na download) haratissss Berselancar lebih cepat. Internet Explorer 8 yang dioptimalkan untuk Yahoo! otomatis membuka 2 halaman favorit Anda setiap kali Anda membuka browser. Dapatkan IE8 di sini! http://downloads.yahoo.com/id/internetexplorer

