Muhun ki, ayeuna ngaran jalan di bandung, tos dilengkepan ku aksara kaganga
eta, dihandapeun aksara latin. Malah sababaraha kantor pamarentah oge. 

Eta sigana dalam rangka ngawanohkeun jeung make kaganga. Da ongkoh pesen
bule nu ngurus unicode, nu ngumpulkeun aksara saalam dunya, cenah kudu
dipake, diwanohkeun. Tos lumayan.

 

  _____  

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Ki Leuksa Sunda
Sent: Wednesday, April 07, 2010 1:03 PM
To: [email protected]
Subject: Bls: [Urang Sunda] Aksara Sunda

 







Cep, nuhun pisan kana panggeuingna.

Leres, kedah prihatin upami urang Sunda henteu wanoh kana aksara sunda.
Di mana lepatna? 

Teu aya nu lepat, aya oge sababna.

Kahiji,pangna seueur nu teu wanoh kana aksara Sunda teh, wireh aksara Sunda
teu digunakeun dina kahirupan sapopoe, utamina dina basa tinulis. Margi,
aksara anu dipake ayeuna, aksara laten, kawas urang kieu.

Kadua, nalika Prof Dr Ekajati ngebrehkeun pamendakna ngeunaan aksara Sunda
anu asli banda urang Sunda (KAGANGA), harita balarea rada kerung, wireh anu
dikanyahokeun samemehna aksara Sunda teh HANACARAKA tea. Faktana, keur mah
eukeur kana HANACARAKA oge geus ampir poho, ayeuna aya beja anyar ngeunaan
KAGANGA anu sosialisasina kamanjon, teu asak,  nu ahirna balarea bingung.
HANACARAKA geus poho, KAGANGA teu wanoh, nya lapur....kabeh kalamot.

Mun tea mah aya anu sapikiran jeung urang, lamun aksara SUNDA hayang
dipikawanoh deui ku incu-buyut atawa seuweu-siwi Ki Sunda, eta aksara kudu
ditembongkeun. Sanajan teu dipake dina kahirupan sapopoe oge, atuh
sakurang-kurangna pake dina PAPAN NAMA. Contona:

JALAN PAJAJARAN
(barengan ku aksara Sunda KAGANGA)

KANTOR BUPATI KARANGTUMARITIS
(barengan ku aksara Sunda KAGANGA)

Jeung sajabana, jeung sajabana. Kira-kirana bisa, moal?
Ah, biiiiisa.
Geuning di Jakarta, di Bali, di Jogja  jeung di tempat sejen, bisa. Ngan
dibarenganana ku tulisan dina basa Inggris, lain ku aksara Sunda. 
Contona:

BUKA/OPEN

DILARANG MEROKOK/NO SMOKING

Kumaha mun kieu:

DILARANG MEROKOK / ULAH UDUD (ulah udud tulis ku aksara Sunda)

Kitu tah, Cep.

Hehehehe..prung ah...
















--- Pada Sen, 29/3/10, Encep <[email protected]> menulis:


Dari: Encep <[email protected]>
Judul: [Urang Sunda] Aksara Sunda
Kepada: [email protected]
Tanggal: Senin, 29 Maret, 2010, 3:42 PM

  

Hapunten nu kasuhun tisadayana, ieu seratan bilih ngadupak kana manah urang
sadaya.

Asa ku reugreug, gening urang sunda teh tos seueur anu "melek teknologi" teu
gaptek teu kuper. Buktosna dina ieu forum sakitu seeurna nu ngangken urang
sunda. 

Mung sakedik patarosan sim kuring, kinten-kinten aya sabaraha urang
(sabaraha persen) nu ngangken urang sunda bari terang kana aksara sunda. 

Sim kuring kantos iseng turas taros ka sabaraha jalmi, boh murid sakola, ka
pagawe, jeung masarakat umum. Gening seuseueurna mah teu terangeun kana
aksara sunda. Bujeng-bujeng kana cara maca na, kana rupa aksara sareng
seueurna ge teu terangan. 

Kinten-kinten dipalih mana lepatna ieu pasualan. Cenah urang teh kudu
ngamumule kana seni sareng budaya na sorangan, tapi kana eta aksara sunda
dihare-harekeun. 

kanggo nu hoyong terang conto aksara sunda diantos di http://rradensunda.
<http://rradensunda.blogspot.com>  blogspot. com tiasa di donlod (naon nya
basa sunda na download) haratissss

 

  _____  

Menambah
<http://sg.rd.yahoo.com/id/messenger/trueswitch/mailtagline/*http:/id.messen
ger.yahoo.com/invite/>  banyak teman sangatlah mudah dan cepat.
Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 






Kirim email ke