Bagea kang Encep, mung kanggo inpo saderek wungkul (FYI=KISW), yen milis
ieu, kusnet oge tatanggana kisunda, ngiring aub ngahirupkeun aksara sunda
kaganga eta. Malah nu ngadaptarkeun aksara eta ka dunia oge (unicode tea),
urang kusnet, kang dian tresna nugraha nu dumuk di karlsruhe jerman,
dibantuan kang kumi jakarta, kang oman bandung, dadan sutisna ti cupumanik
-ppsss, atuh ti pihak inohongna aya kang ganjar kurnia rektor unpad, oge ti
upi, jrrd. 

Ari perkawis wanoh jeung henteuna mah kumaha urangna, kedah rajin
nyebarkeunanana, sosialisasi tea. Yen seueur keneh nu teu apaleun, malah aya
nu masih keneh nganggap aksara sunda teh datasawala bujur kamana-mana, margi
kurang sosialisasi atawa memang teu gaul. Haha

Mangga ramekeun milis kusnet, ketrukeun elmu pangaweruh kanggo pulungan
sadayana

Nuhun
Baktos
Kuncen #3
mj

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
Behalf Of Encep
Sent: Monday, March 29, 2010 10:42 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Aksara Sunda

Hapunten nu kasuhun tisadayana, ieu seratan bilih ngadupak kana manah urang
sadaya.

Asa ku reugreug, gening urang sunda teh tos seueur anu "melek teknologi" teu
gaptek teu kuper. Buktosna dina ieu forum sakitu seeurna nu ngangken urang
sunda. 

Mung sakedik patarosan sim kuring, kinten-kinten aya sabaraha urang
(sabaraha persen) nu ngangken urang sunda bari terang kana aksara sunda. 

Sim kuring kantos iseng turas taros ka sabaraha jalmi, boh murid sakola, ka
pagawe, jeung masarakat umum. Gening seuseueurna mah teu terangeun kana
aksara sunda. Bujeng-bujeng kana cara maca na, kana rupa aksara sareng
seueurna ge teu terangan. 

Kinten-kinten dipalih mana lepatna ieu pasualan. Cenah urang teh kudu
ngamumule kana seni sareng budaya na  sorangan, tapi kana eta aksara sunda
dihare-harekeun. 



kanggo nu hoyong terang conto aksara sunda diantos di
http://rradensunda.blogspot.com tiasa di donlod (naon nya basa sunda na
download) haratissss



------------------------------------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links




Kirim email ke