Alhamdulillaaaaaah...
Nuhun Ujang Mj...

Keun, sugan we pada nurutan.
Ke urang Sumedang rek dibejaan ku Aki





--- Pada Rab, 7/4/10, mj <[email protected]> menulis:

Dari: mj <[email protected]>
Judul: RE: [Urang Sunda] Aksara Sunda
Kepada: [email protected]
Tanggal: Rabu, 7 April, 2010, 6:18 AM







 



  


    
      
      
      







   

Muhun ki, ayeuna ngaran jalan di bandung , tos dilengkepan
ku aksara kaganga eta, dihandapeun aksara latin. Malah sababaraha kantor
pamarentah oge.  

Eta sigana dalam rangka ngawanohkeun jeung
make kaganga. Da ongkoh pesen bule nu ngurus unicode, nu ngumpulkeun aksara
saalam dunya, cenah kudu dipake, diwanohkeun. Tos lumayan. 

   









From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On 
Behalf Of Ki Leuksa Sunda

Sent: Wednesday, April 07, 2010
1:03 PM

To: urangsu...@yahoogro ups.com

Subject: Bls: [Urang Sunda] Aksara
Sunda 



   







 




 
  
  Cep, nuhun pisan kana panggeuingna.

  

  Leres, kedah prihatin upami urang Sunda henteu wanoh kana aksara sunda.

  Di mana lepatna? 

  

  Teu aya nu lepat, aya oge sababna.

  

  Kahiji,pangna seueur nu teu wanoh kana aksara Sunda teh, wireh aksara
  Sunda  teu digunakeun dina kahirupan sapopoe, utamina dina basa tinulis.
  Margi, aksara anu dipake ayeuna, aksara laten, kawas urang kieu.

  

  Kadua, nalika Prof Dr Ekajati ngebrehkeun pamendakna ngeunaan aksara Sunda
  anu asli banda urang Sunda (KAGANGA), harita balarea rada kerung, wireh anu
  dikanyahokeun samemehna aksara Sunda teh HANACARAKA tea. Faktana, keur mah
  eukeur kana HANACARAKA oge geus ampir poho, ayeuna aya beja anyar ngeunaan
  KAGANGA anu sosialisasina
  kamanjon, teu asak,  nu ahirna balarea bingung. HANACARAKA geus poho,
  KAGANGA teu wanoh, nya lapur....kabeh kalamot.

  

  Mun tea mah aya anu sapikiran jeung urang, lamun aksara SUNDA hayang
  dipikawanoh deui ku incu-buyut atawa seuweu-siwi Ki Sunda, eta aksara kudu
  ditembongkeun. Sanajan teu dipake dina kahirupan sapopoe oge, atuh
  sakurang-kurangna pake dina PAPAN NAMA. Contona:

  

  JALAN PAJAJARAN

  (barengan ku aksara Sunda KAGANGA)

  

  KANTOR BUPATI KARANGTUMARITIS

  (barengan ku aksara Sunda KAGANGA)

  

  Jeung sajabana, jeung sajabana. Kira-kirana bisa, moal?

  Ah, biiiiisa.

  Geuning di Jakarta, di Bali, di Jogja  jeung di tempat sejen, bisa. Ngan
  dibarenganana ku tulisan dina basa Inggris, lain ku aksara Sunda. 

  Contona:

  

  BUKA/OPEN

  

  DILARANG MEROKOK/NO SMOKING

  

  Kumaha mun kieu:

  

  DILARANG MEROKOK / ULAH UDUD (ulah udud tulis ku aksara Sunda)

  

  Kitu tah, Cep.

  

  Hehehehe..prung ah...

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  

  --- Pada Sen, 29/3/10, Encep <kands1358317@ yahoo.com>
  menulis: 
  

  Dari: Encep <kands1358317@ yahoo.com>

  Judul: [Urang Sunda] Aksara Sunda

  Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com

  Tanggal: Senin, 29 Maret, 2010, 3:42 PM 
  
     
  
  Hapunten nu kasuhun tisadayana, ieu seratan bilih
  ngadupak kana manah urang sadaya.

  

  Asa ku reugreug, gening urang sunda teh tos seueur anu "melek
  teknologi" teu gaptek teu kuper. Buktosna dina ieu forum sakitu seeurna
  nu ngangken urang sunda. 

  

  Mung sakedik patarosan sim kuring, kinten-kinten aya sabaraha urang (sabaraha
  persen) nu ngangken urang sunda bari 
  terang kana aksara sunda. 

  

  Sim kuring kantos iseng turas taros ka sabaraha jalmi, boh murid sakola, ka
  pagawe, jeung masarakat umum. Gening seuseueurna mah teu terangeun kana
  aksara sunda. Bujeng-bujeng kana cara maca na, kana rupa aksara sareng
  seueurna ge teu terangan. 

  

  Kinten-kinten dipalih mana lepatna ieu pasualan. Cenah urang teh kudu
  ngamumule kana seni sareng budaya na sorangan, tapi kana eta aksara sunda
  dihare-harekeun. 

  

  kanggo nu hoyong terang conto aksara sunda diantos di http://rradensunda.
  blogspot. com tiasa di donlod (naon nya basa sunda na download)
  haratissss 
  
  
  
 


   







Menambah
banyak teman sangatlah mudah dan cepat.

Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 





 










    
     

    
    


 



  






      Selalu bersama teman-teman di Yahoo! Messenger. Tambahkan mereka dari 
email atau jaringan sosial Anda sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Kirim email ke