Togmol pisan Mariko Sasaki nulis dina bukuna "Laras Pada Karawitan Sunda" yen 
titilaras daminatila nu di beukahkembangkeun ku Pa Machyar dianggap salah, 
tuluy Cupumanik nyalusur kumaha gek-gekanana, nya ngawawancara ka Pa Priadi Dwi 
Hardjito dosen STSI, cek Pa Dwi, urang Sunda kudu beunta, argumen nu ditepikeun 
ku Mariko kudu dilawan dina teori deui. Pa Dwi ngaguar kapunjulan Pa Machyar 
tur kalemahan pamanggih Mariko (dimuat dina Cupumanik No.81 April 2010).
Kana ieu guaran jol aya reaksi ti Kang Nano.S per telepon ka redaksi, saurna 
"akang rek nulis", puguh we ku redaksi disanggap pisan. Tah tulisan Kang 
Nano.S, bakal dimuat dina Cupumanik No.83 Juli 2010.
Ka baraya sadayana nu tabah kana titilaras Sunda, mangga geura nyerat, diantos 
pisan. Searatan diantos dugi ka ping 12 Juni 2010, kanggo dimuat dina Cupumanik 
sasih Juli.

MSasmita.

 

Kirim email ke