Kang Oman, ari wadah anu bentuk alasna lingkaran kl 50-60 Cm dianyam tina awi biasa, sisina (kurilingna) tina awi gombong anu lebar kl 15 Cm kandel 5 mm (teu dinyamkeun estu sa-aslina awi) ngabentuk 2 tabung, diameter 50-60 Cm, jangkung 15 Cm, aya luhur jeung handap, eta teh presisi pisan mun diasupkeun teh ngepas... kadang-kadang keur seserahan atawa nyaba ka Kota...naon namina?
Wass Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa ----- Original Message ----- From: oman abdurahman To: [email protected] Cc: [email protected] Sent: Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing sigana kapupus basa pindah hp. Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung "pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem". Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem. Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh siga kieu: 1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan - umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika nyambungan (mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di kampung. Nya pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning bumbu dapur, jsb, di paimahan di kampung; 2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu jelas pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti pipiti. Nya kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag deui) kalayan jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya tangtu leuwih gede tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge tangtu besek mah keur pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur sisimpenan barang atawa bahan anu leuwih aya hargaan. 3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung besek/pipit - nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh, tapi leuih kasar. Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean teuing, ukur deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem kasawangna djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae. Ukuran badagna tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x 20 cm; jeung anu badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu ngabedakeun tingkem jeung pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi ngajingjingna di sisi/beulah luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi ngagigiwingna). manar 2010/5/3 mj <[email protected]> Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di desa neglasari salawu. Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide teu resmi, ngajak ka imah sepuhna Nya sakalian tetelepek bari motoan bari ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea, meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng. Beres tunyu tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd, diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis ngaran/rombongan/institusi di buku khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha hiji deukeut/luhureun balong. Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi, ditunda di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook. Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun besek. ---------------------------------------------------------------------------- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of mh Sent: Saturday, May 01, 2010 5:47 AM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah make HP di Kampung Naga mah. 2010/4/30 mj <[email protected]> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret, teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung said oge teu kacatet ukuranana, haha) ---------------------------------------------------------------------------- From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of mh Sent: Friday, April 30, 2010 4:33 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK 2010/4/30 mj <[email protected]> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi aya. Haha Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka atuh. Sigana sabab model hajatna beda. aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa, jiga nyieun kupat. ============================================== Flexi ngROOMpi : Ngobrol bareng teman pake flexi ngROOMpi kapan aja, dari mana aja se-Indonesia Rp 49/Menit. Caranya: call *55*nomor-room ( nomor room 1 s/d 9999 ). Flexi Chatting : Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting Cuma Rp 299rb bisa YM, GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2000/Mg & akses Facebook / Twitter masing2 Rp 1000/Mg. ============================================== This Email Has been Scanned by Anti Virus ==============================================

