Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki
kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing
sigana kapupus basa pindah hp.

Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung
"pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di
kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem".
Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan
(goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan
ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem.

Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh
siga kieu:

1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju
dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu
leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan -
umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika
nyambungan (mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di
kampung. Nya pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning
bumbu dapur, jsb, di paimahan di kampung;

2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan
bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu
jelas pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti
pipiti. Nya kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag
deui) kalayan jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya
tangtu leuwih gede tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge
tangtu besek mah keur pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur
sisimpenan barang atawa bahan anu leuwih aya hargaan.

3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung
besek/pipit - nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh,
tapi leuih kasar. Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean
teuing, ukur deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem
kasawangna djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae.
Ukuran badagna tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x
20 cm; jeung anu badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu
ngabedakeun tingkem jeung pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi
ngajingjingna di sisi/beulah luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi
ngagigiwingna).

manar



2010/5/3 mj <[email protected]>

>
>
>
>
> Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung
> bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti
> sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi
> ibukota kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di
> desa neglasari salawu.
>
>
>
>
>
> Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide
> teu resmi, ngajak ka imah sepuhna  Nya sakalian tetelepek bari motoan bari
> ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko
> gede, jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan
> foto pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea,
> meuli cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng.  Beres tunyu
> tanya, bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd,
> diajak ka imah wakil kuncen pikeu nulis  ngaran/rombongan/institusi di buku
> khusus nu naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba
> leuit di kampung naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan
> kampung naga geus heurin ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha
> hiji deukeut/luhureun balong.
>
>
>
> Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi, ditunda
> di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook.
>
>
>
> Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara
> nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas
> kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun
> besek.
>
>
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *mh
> *Sent:* Saturday, May 01, 2010 5:47 AM
>
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>
>
>
>
>
> Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade
> asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah make
> HP di Kampung Naga mah.
>
> 2010/4/30 mj <[email protected]>
>
>
>
>
>
> Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa
> pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina
> warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal
> besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret,
> teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her
> suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung
> said oge teu kacatet ukuranana, haha)
>
>
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *mh
> *Sent:* Friday, April 30, 2010 4:33 PM
> *To:* [email protected]
> *Subject:* Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
>
>
>
>
>
>  2010/4/30 mj <[email protected]>
>
>
>
> Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi
> aya. Haha
>
> Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di
> kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung
> nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek
> pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka
> atuh. Sigana sabab model hajatna beda.
>
>
> aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang
> meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di
> lembur, mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa,
> jiga nyieun kupat.
>
>
>
>
>
>
>
>    
>

Kirim email ke