Tetenong sigana eta mah kang. Di jerona dibagi opat lima kapling tempat kos 
babaturan sangu atawa deungeun sangu tea.

Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "mamat" <[email protected]>
Date: Tue, 4 May 2010 07:29:42 
To: <[email protected]>
Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK

Kang Oman, ari wadah anu bentuk alasna lingkaran kl 50-60 Cm dianyam tina awi 
biasa, sisina (kurilingna) tina awi gombong anu lebar kl 15 Cm kandel 5 mm (teu 
dinyamkeun estu sa-aslina awi) ngabentuk 2 tabung, diameter 50-60 Cm, jangkung 
15 Cm, aya luhur jeung handap, eta teh presisi pisan mun diasupkeun teh 
ngepas...
kadang-kadang keur seserahan atawa nyaba ka Kota...naon namina?

Wass
Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa


  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurahman 
  To: [email protected] 
  Cc: [email protected] 
  Sent: Tuesday, May 04, 2010 6:14 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK


    
  Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta ngotektak neangan nmr Hp ki 
kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh teu kapanggih, teuing sigana 
kapupus basa pindah hp.  

  Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek" jeung 
"pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula (hiji desa di 
kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut "tingkem". Taun 
60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari barang kirim katuangan (goreng 
lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota teh atawa bebekelan ka anu rek 
ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem.

  Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh 
siga kieu:

  1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun laju  
dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel anu leutik. 
Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan - umumna keur 
wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika nyambungan (mere artos 
atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di kampung. Nya pipiti oge sok 
digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning bumbu dapur, jsb, di paimahan di 
kampung;

  2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan 
bahan leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu jelas 
pisan mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti pipiti. Nya 
kitu lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag deui) kalayan 
jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya tangtu leuwih gede 
tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge tangtu besek mah keur 
pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur sisimpenan barang atawa bahan anu 
leuwih aya hargaan.

  3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung besek/pipit 
- nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh, tapi leuih kasar. 
Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean teuing, ukur 
deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem kasawangna 
djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae. Ukuran badagna 
tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x 20 cm; jeung anu 
badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu ngabedakeun tingkem jeung 
pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi ngajingjingna di sisi/beulah 
luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi ngagigiwingna).

  manar 





  2010/5/3 mj <[email protected]>

      



    Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula ka lembur ngalongok indung 
bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek, dibonceng ki adi. Ti 
sindangkasih teh ka kota tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi ibukota 
kabupaten tasik), terus salawu (kacamatan), kampung naga ayana di desa 
neglasari salawu. 





    Teu mawa surat pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide 
teu resmi, ngajak ka imah sepuhna  Nya sakalian tetelepek bari motoan bari 
ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko gede, 
jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan foto 
pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea, meuli 
cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng.  Beres tunyu tanya, 
bari moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd, diajak ka 
imah wakil kuncen pikeu nulis  ngaran/rombongan/institusi di buku khusus nu 
naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba leuit di kampung 
naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan kampung naga geus heurin 
ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha hiji deukeut/luhureun balong.



    Teu motoan imah deui da foto imah mah geus sering/geus aya koleksi, ditunda 
di mangjamal.multiply.com jeung di photo jero facebook. 



    Besek aya cenah di kampung naga, ngan enya, kitu, pikeun hajat cara 
nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat sasih-upacara adat khas kampung 
naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang dinya teu nyarieun besek.




----------------------------------------------------------------------------

    From: [email protected] [mailto:[email protected]] On 
Behalf Of mh
    Sent: Saturday, May 01, 2010 5:47 AM


    To: [email protected]
    Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK





    Mun teu salah mah Kang Oman wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade 
asana ngaranna teh. Tah paluruh geura ka Kang Oman, da asana kaci cenah make HP 
di Kampung Naga mah.  

    2010/4/30 mj <[email protected]>





    Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya teu besek atawa 
pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak sabeus sina 
warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat. Cara soal 
besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto jepret, teu 
diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her suganda, nu 
katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung said oge teu 
kacatet ukuranana, haha)




----------------------------------------------------------------------------

    From: [email protected] [mailto:[email protected]] On 
Behalf Of mh
    Sent: Friday, April 30, 2010 4:33 PM
    To: [email protected]
    Subject: Re: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK







    2010/4/30 mj <[email protected]>



    Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya gantina da teu kungsi 
aya. Haha

    Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar mun perlu. Sigana di 
kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta ciamis. Sabab kampung nu 
jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp naga jeung kampung kuta. Besek pipiti 
di luar kampung adat aya, tapi di kampung adat teu aya. Naha. Duka atuh. Sigana 
sabab model hajatna beda.


    aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang 
meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di lembur, 
mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa, jiga nyieun 
kupat.














  
==============================================
Flexi ngROOMpi :
Ngobrol bareng teman pake flexi ngROOMpi kapan aja, dari mana aja
se-Indonesia Rp 49/Menit. Caranya: call *55*nomor-room ( nomor
room 1 s/d 9999 ).

Flexi Chatting :
Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting Cuma Rp 299rb bisa YM,
GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2000/Mg & akses Facebook /
Twitter masing2 Rp 1000/Mg.
==============================================
                This Email Has been Scanned  by Anti Virus
==============================================


Kirim email ke