Mang J. di wewengkon Cianjur mah anu namina tolobong teh siga dingkul, luhurna 
teu diwenggku, aya tutupan..., dingkul mah ampir sami sareng tolombong tapi teu 
aya tutupan
luhurna diwengku, biasana dianggo ngawadahan heucak (pare sesa dibuat), 
Tah saluhuran dingkul aya deui, namina bodag, siga dingkul ukuran buadag, 
biasana kanggo ngawadahan pare gedengan (sagedeng = 2 pangkek/beungkeut), 
kaperluan sadidinten kengging nyandak ti leuit.
Tah dina keur "mangkek", hiji acara pikeun para pa Tani, saparantos pare garing 
di poe
wengina sok aya acara mangkek, teu wudu dipakarangan teh sok ngagebra lampu 
patromak bari nyetel siaran Wayang Golek ti RRI Bandung, atuh dahareun sagala 
diayakeun. 
Beres dipangkek kalawan digedeng, isukna ngahanjatkeun pare ka leuit.
Duka leres henteu na mah da tos lawas tara lalajo nu ngagedeng deui.

ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

--- On Tue, 4/5/10, mj <[email protected]> wrote:

From: mj <[email protected]>
Subject: RE: [Urang Sunda] re: tumaros BESEK
To: [email protected]
Date: Tuesday, 4 May, 2010, 12:59







 



  


    
      
      
      







   

Nuhun kang pedaranana. Oge ka baraya
sanesna. Titahan pembimbing ieu teh, cenah kudu tatanya atawa diskusi jeung
saha bae dimana bae, sugan manggih bongbolongan atawa tambahan kabeungharan
adat suradat sunda nu si kuring can apal atawa can manggih. Kanu sanesna mangga
ketrukeun. Oge ka Tukang Giribig, jeung sajabana. Giribig oge bade diasupkeun
ka penelitian sabab wadah moe pare, aya di kampung naga jeung kampung kuta. Di 
baduy
ge aya cenah cek pa samin urang cikadu, ngan teu umum. Tapi di cikaduna mah teu
aya. 

   

Salah sapuluh kalieur teh ayana kecap nu
beda di wewengkon beda pikeun barang/wadah nu sarua. Cara telebug, disebut oge
tolombong oge dingkul. Di peperenian urang sunda terbitan kiblat, disebut yen
telebug teh tolombong gede. Rada hese dijadikan patokan sabab ngaran2 eta di
unggal wewengkon tea beda. Telebug teh tolombong atawa dingkul keneh.  Atawa
mun hayang jentre mah sigana kudu ngulampreng ka unggal lembur konfirmasi
ngaran wawadahan eta. Tapi da mung tilu kampung adat tea, janten fokus we ka
ngaran di eta tempat. Cara jubleg di kampung kuta & kampung naga, di baduy
ngarana teblek. Telebug tolombong dingkul, di baduy mah teu aya. Aya oge nu
siga tolombong di Gajeboh Kanekes kungsi manggih, dasarna dicarangan, masangna
dibalikeun da sihoreng bumi-paranti kulem hayama ti wengi, da ari beurang mah
dikencarkeun/ dileupaskeun sina milari pakasaban nyalira. 

   

Mun cempeh-nyiru- tampir nya beda dina
ukuran, ari wanda/rupana mah sarua. Buleud paranti wadah, paranti napi jeung
paranti moe pari (tampir). 

Beda ukuran beda ngaran. Ari di baduy aya
boboko aya baris, sarua paranti wadah beas/sangu. Nu ieu mah rumusna, beda rupa
beda ngaran bari 
tugasna di dunya ieu sami, ngawadahan beas sangu. Bedana baris jeung boboko,
boboko mah nya cara rupa nu umum, ari baris mah leuwih seksi, bagean tengah
leuwih lenjang/rampih, duka sok diet duka tara 
tah si baris teh. Heuheu. 

   

Fokus penelitian ka wadah pikeun pare beas
sangu. Janten tingkem tetenong jeung barayana nu sanes, boh baraya kandung boh
pateterean teu dibahas. 

   

   

Ke mun  tos cekap, bade ditalungtik unsur
estetika na boh formal boh simbolis.  

   

Rupa boboko teh canggih: transformasi ti
rupa segiopat/juru opat di handap (segiopat pisan ti soko) terus robah lalaunan
ka luhur, ngajanggelek we jadi buleud. Ieu kabisa karuhun (duka ti mana asal
usulna mah, hese dipaluruhna, ti kulon baduy nepi ka wetan/jawa bali aya (di
masyarakat nu melak pare). 

   

Perkara aseupan oge kitu. Ngan di jawa mah
aya nu teu diberesan luhurna, diantep rancung siga penyanyi funkrock tea. Ari di
sunda mah kalolobana atawa boa sadayana, diwengku tea. 

   

   









From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On 
Behalf Of  oman abdurahman

Sent: Tuesday, May 04, 2010 6:14
AM

To: urangsu...@yahoogro ups.com

Cc: kisu...@yahoogroups .com

Subject: Re: [Urang Sunda] re:
tumaros BESEK 



   





Syukur Mj, kaburu ngalongok Kp. Naga. Nyeta
ngotektak neangan nmr Hp ki kuncen - pedah ti heula asa kungsi nyatet - weleh
teu kapanggih, teuing sigana kapupus basa pindah hp.  



Ngeunaan pabesekan, sarupaning wawadahan tina awi, lian ti "besek"
jeung "pipiti", sakumaha geus disebutkeun, di lembur uing baheula
(hiji desa di kabupaten Ciamis, pasna di Kacamatan Lumbung), aya anu disebut
"tingkem". Taun 60an akhir nepi ka 70an awal, pun bapa biasa ari
barang kirim katuangan (goreng lauk, opak, rangginang, jsb) keur baraya di kota
teh atawa bebekelan ka anu rek ka nyaba kota, diwadahan ku tingkem.



Upama ditataan singget, sigana tangtungan anu 3 rupa wawadahan di luhur teh
siga kieu:



1) Pipiti : dijieun tina awi ku cara awi diipiskeun jeung dilemeskeun
laju  dianyam. Ukuran besek kl 20 cm x 20 cm x 7 cm atawa saukuran tegel
anu leutik. Fungsi pipiti - baheula (taun 70 an) anu kasaksian ku sorangan -
umumna keur wadah katuangan salaku pamulang ka anu nyarecep nalika nyambungan
(mere artos atawa bahan-bahan tauangeun ka anu rek hajat) di kampung. Nya
pipiti oge sok digunakeun keur wawadahan bahan-bahan kayaning bumbu dapur, jsb,
di paimahan di kampung;



2) Besek: Sacara bahan jeung cara nyieun sigana teu beda ti pipiti, ngan bahan
leuwih badag ukuranna jeung leuwih pilihan awina teh, sigana. Anu jelas pisan
mah ukuran besek pasti leuwih gede (leuwih jangkung oge) ti pipiti. Nya kitu
lah bangsa antara 30-40 cm2 (mungkin aya anu leuwih badag deui) kalayan
jangkungna bisa nepi ka antara 15 - 20 cm. Fungsina, nya tangtu leuwih gede
tina pipiti. Lamun dipake pamulang anu nyambungan oge tangtu besek mah keur
pamulang panyambungan kelas badag. Atawa keur sisimpenan barang atawa bahan anu
leuwih aya hargaan.



3) Tingkem. Tah, ari tingkeum mah- anu tembong pisan bedana jeung besek/pipit -
nyaeta bahan jeung cara nyieunna. Bahanna memang awi keneh, tapi leuih kasar.
Malah keur tingkem mah, sigana awi teh teu pati digawean teuing, ukur
deibeulahan sagede-gede cinggir orok laju dianyamkeun. Tingkem kasawangna
djieun ukur keur wawadahan (utamana kadaharan) sakali pake wae. Ukuran badagna
tingkem anu kuring apal aya 2 jenis: anu leutik, kl 30 x 20 x 20 cm; jeung anu
badag kl 2 kali ukuran anu leutik.Hiji hal deui anu ngabedakeun tingkem jeung
pipiti/besek : tingkem mah pasti aya paragi ngajingjingna di sisi/beulah
luhurna (besek oga sakapeung sok make paragi ngagigiwingna) .



manar 





 



2010/5/3 mj <ja...@itenas. ac.id> 



   









  

Kamari nganjang ka kampung naga, balik heula
ka lembur ngalongok indung bapa. Ti gunungcupu kang sajam saparapat kana bebek,
dibonceng ki adi. Ti sindangkasih teh ka kota 
tasik terus ka jurusan singaparna (ayeuna jadi ibukota kabupaten tasik), terus
salawu (kacamatan), kampung naga ayana di desa neglasari salawu.  

  

  

Teu mawa surat 
pengantar, tinggaleun, hadena aya urang dinya nu jadi guide teu resmi, ngajak
ka imah sepuhna  Nya sakalian tetelepek bari 
motoan bari 
ngukur itu ieu. Wawadahan pare beas sangu tea. Manggih said tea, boboko gede,
jeung sajabana. Ngan rek moto jero goah teu meunang cenah. Nya ngan foto
pantona we. Tapi prinsipna mah sarua, aya pabeasan nu tina gentong tea, meuli
cenah ti pasar garut atawa singaparna. Kitu deui seeng.  Beres tunyu
tanya, bari 
moto jeung ngukur boboko, said, aseupan, tampir, nyiru, jrrd, diajak ka imah
wakil kuncen pikeu nulis  ngaran/rombongan/ institusi di buku khusus nu
naliti. Tapi aya nu kaliwat, teu moto leuit. Padahal teu loba leuit di kampung
naga mah, salian sawareh parena pare murag, oge lahan kampung naga geus heurin
ku paimahan. Ari saung lisung mah loba sababaraha hiji deukeut/luhureun balong. 

  

Teu motoan imah deui da foto imah mah geus
sering/geus aya koleksi, ditunda di mangjamal.multiply. com jeung di photo jero 
facebook.  

  

Besek aya cenah di kampung naga, ngan
enya, kitu, pikeun hajat cara nyunatan, ngawinkeun, jrrd, lain pikeun hajat
sasih-upacara adat khas kampung naga. Besek sok meuli ka pasar cenah, da urang
dinya teu nyarieun besek. 

  









From: urangsu...@yahoogro ups.com
[mailto:urangsu...@yahoogro ups.com]
On Behalf Of mh

Sent: Saturday, May 01, 2010 5:47
AM 





To: urangsu...@yahoogro ups.com

Subject: Re: [Urang Sunda] re:
tumaros BESEK 







  





Mun teu salah mah Kang Oman 
wanoheun ka pupuhu warga Kampung Naga, Kang Ade asana ngaranna teh. Tah paluruh
geura ka Kang Oman ,
da asana kaci cenah make HP di Kampung Naga mah.   



2010/4/30 mj <ja...@itenas. ac.id> 



  



  

Eta kang masalah patarosan teh, naha di kampung naga aya
teu besek atawa pipiti. Geus sababaraha x ka kampung naga teh mawa barudak
sabeus sina warawuheun ka budaya karuhun, motoan sagala, tapi loba nu kaliwat.
Cara soal besek eta, giribig, goah, leuit, saung lisung ge ngan saukur moto
jepret, teu diatur objekna. Mun ningalian foto keur hajat sasih, dina buku her
suganda, nu katembong loba teh boboko atawa said, boboko gede. (boboko jeung
said oge teu kacatet ukuranana, haha) 

  









From: urangsu...@yahoogro ups.com
[mailto:urangsu...@yahoogro ups.com]
On Behalf Of mh

Sent: Friday, April 30, 2010 4:33
PM

To: urangsu...@yahoogro ups.com

Subject: Re: [Urang Sunda] re:
tumaros BESEK 







  

   



2010/4/30 mj <ja...@itenas. ac.id> 



  

Di baduy justeru teu aya atawa dikenal, jadi teu aya
gantina da teu kungsi aya. Haha 

Enya besek ngaran sejena pipiti. Bisa meuli ka pasar
mun perlu. Sigana di kampung adat mah teu aya. Panasaran di kampung kuta
ciamis. Sabab kampung nu jadi studi kasusna, tilu cikadu baduy, kp
naga jeung kampung kuta. Besek pipiti di luar kampung adat aya, tapi di kampung
adat teu aya. Naha .
Duka atuh. Sigana sabab model hajatna beda. 







aya kamungkinan, pipiti atawa besek nu dipake di kampung naga, lain meunang
meuli di pasar, tapi meunang nyieun sorangan. sainget uing baheula di lembur,
mun aya nu hajat sok nyieun pipiti atawa besek tina daun kalapa, jiga nyieun
kupat. 





  







  





   





















 












    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke