Ulah salempang, sakur nu dititip titipkeun bakal ditalingakeun. Ngan aya nu 
kurang.Naha bet teu nitip fulus  nya?.
Perkara  kakara rek apal Bali, kang MJ lain nu kudu pangdipikarunya. Sim kuring 
ge kakara nincak Bali  diumur 52 taun.
Eleh ku budak sorangan. Umur 2 taun  geus di aakod ku akina di Bali.
Memeh miang, ulah hilaf  kudu ngayakeun walimatussafar. (Beu kawas nu rek 
mangkat  haji wae nya).
Ke mun geus di Kuta , celuk nu di lembur . He..he.
Mun  mulang deui ka Bandung , ulah hilaf oge nyandak cai suci ti tujuh pancuran.





________________________________
Dari: mj <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 9 Mei, 2010 05:42:58
Judul: [Urang Sunda] ka bali

  
Ti poe minggu 9 mei nepi ka 16 si kuring ka bali, maturan barudak di pangulinan 
studitur. Duapoe di jalan pp, lima poean meureun di bali na mah. Nya msiswa 
desain interior, nu rek ditoongan teh hotel di bali utamana nu kelas butik tea. 
Pikeunmaluruh geus nepi ka mana kamajuan desain interior hotel bali ayeuna 
cenah.
Ka nu di bandung, nitip bandung nya.Ka nu di tatar sunda, nitip TS sangkan 
titip tiis.Heuheu. Siga nu bogana bae.
Ka Tugir (tukang giribig) nitip nyiru, tampir, hihid seeng aseupandulang, 
padaringannya.Bari sakalian rek maluruh boboko jeung wawadahan pare beas sangu 
urang bali siga kumaha. Sugan bisa ulin ka pilemburanana.
Umur geus nincak 42an karek rek apal bali. Karunya nya. Haha
Ka baraya nu ngumbara di bali, bilih hoyong mekelan oleh-oleh bawaeun ka 
bandung, ieu hp si kuring 0811245487heuheu
 

Kirim email ke