Halah mang bagja atuh di eropa teu aya nu nanya ngeunaan bali he he. MJ bilih 
bade studi arsitek bali di pulo bali sareng di pulo lombok kontak sim kuring. 
Deuih asana di bali aya kempelan wargi sunda, di lombok oge aya asana 
sabilulungan kempelanana.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "mj" <[email protected]>
Date: Sun, 9 May 2010 05:42:58 
To: <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] ka bali

Ti poe minggu 9 mei nepi ka 16 si kuring ka bali, maturan barudak di
pangulinan studitur. Dua poe di jalan pp, lima poean meureun di bali na mah.
Nya msiswa desain interior, nu rek ditoongan teh hotel di bali utamana nu
kelas butik tea. Pikeun maluruh geus nepi ka mana kamajuan desain interior
hotel bali ayeuna cenah.

Ka nu di bandung, nitip bandung nya. Ka nu di tatar sunda, nitip TS sangkan
titip tiis. Heuheu. Siga nu bogana bae.
Ka Tugir (tukang giribig) nitip nyiru, tampir, hihid seeng aseupan dulang,
padaringan nya. Bari sakalian rek maluruh boboko jeung wawadahan pare beas
sangu urang bali siga kumaha. Sugan bisa ulin ka pilemburanana.

Umur geus nincak 42an karek rek apal bali. Karunya nya. Haha

Ka baraya nu ngumbara di bali, bilih hoyong mekelan oleh-oleh bawaeun ka
bandung, ieu hp si kuring 0811245487 heuheu


Kirim email ke