Halah naha aya ku kabeneran sarua MJ euy, ngan beda ipis pisan, gera....

MJ rek ka bali, uing hayang ka bali, 

Tuh pan sarua ciples pisan lebah balina mah nya heu....

Sigana samenit saenggeus maca nyi emil ieu caritana uing ngadoa, gegerentesan 
we teu ka goah uing teh,,,,jauh tuda; 

'mugi MJ salamet di jalnna, didituna oge blikna, sing kahontal nu diseja, oge 
MJ sing cukup jembar manah dina mulangna teu sakdar mawa carita, ari kira kuta 
teu kabawa mah naon we nu bakal pantes dipake nu nrima, sing soleh mawa 
oleh2...'

Kitu tah MJ....., ari masalah boboko dan lain sebaguyna mah biarkn saja kita 
serahkan kepasar bebas,,,, ya...... paling saeutik hargana kateken pangaruh SMI 
pindah heu heu

*mugi doa abdi dikabul, teu sadayana ge wios tungtuna we...*



Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "mj" <[email protected]>
Date: Sun, 9 May 2010 05:42:58 
To: <[email protected]>
Subject: [Urang Sunda] ka bali

Ti poe minggu 9 mei nepi ka 16 si kuring ka bali, maturan barudak di
pangulinan studitur. Dua poe di jalan pp, lima poean meureun di bali na mah.
Nya msiswa desain interior, nu rek ditoongan teh hotel di bali utamana nu
kelas butik tea. Pikeun maluruh geus nepi ka mana kamajuan desain interior
hotel bali ayeuna cenah.

Ka nu di bandung, nitip bandung nya. Ka nu di tatar sunda, nitip TS sangkan
titip tiis. Heuheu. Siga nu bogana bae.
Ka Tugir (tukang giribig) nitip nyiru, tampir, hihid seeng aseupan dulang,
padaringan nya. Bari sakalian rek maluruh boboko jeung wawadahan pare beas
sangu urang bali siga kumaha. Sugan bisa ulin ka pilemburanana.

Umur geus nincak 42an karek rek apal bali. Karunya nya. Haha

Ka baraya nu ngumbara di bali, bilih hoyong mekelan oleh-oleh bawaeun ka
bandung, ieu hp si kuring 0811245487 heuheu


Kirim email ke