Ti poe minggu 9 mei nepi ka 16 si kuring ka bali, maturan barudak di pangulinan studitur. Dua poe di jalan pp, lima poean meureun di bali na mah. Nya msiswa desain interior, nu rek ditoongan teh hotel di bali utamana nu kelas butik tea. Pikeun maluruh geus nepi ka mana kamajuan desain interior hotel bali ayeuna cenah.
Ka nu di bandung, nitip bandung nya. Ka nu di tatar sunda, nitip TS sangkan titip tiis. Heuheu. Siga nu bogana bae. Ka Tugir (tukang giribig) nitip nyiru, tampir, hihid seeng aseupan dulang, padaringan nya. Bari sakalian rek maluruh boboko jeung wawadahan pare beas sangu urang bali siga kumaha. Sugan bisa ulin ka pilemburanana. Umur geus nincak 42an karek rek apal bali. Karunya nya. Haha Ka baraya nu ngumbara di bali, bilih hoyong mekelan oleh-oleh bawaeun ka bandung, ieu hp si kuring 0811245487 heuheu

