Msiswa 100an urang, make beus 3 Alan darat siga oray haha Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: jangdede <[email protected]> Date: Sun, 9 May 2010 09:55:14 To: <[email protected]> Subject: Re: [Urang Sunda] ka bali Naek naon atuh ka Balina MJ? Mun naek pesawat ti Husein sabaraha? Kuring can pernah naek pesawat ti Bandung mah. Kakara oge naek pesawat ti Surabaya jeung ti Jogja. di ingfokeun nya harga tiketna. rencana teh ke medio juli si kuring rek Bali ngajak kolot rek make kapal ngapung ti Husein. nuhun jangdede 2010/5/9, mj <[email protected]>: > > > > Ti poe minggu 9 mei nepi ka 16 si kuring ka bali, maturan barudak di > pangulinan studitur. Dua poe di jalan pp, lima poean meureun di bali na > mah. Nya msiswa desain interior, nu rek ditoongan teh hotel di bali utamana > nu kelas butik tea. Pikeun maluruh geus nepi ka mana kamajuan desain > interior hotel bali ayeuna cenah. > > Ka nu di bandung, nitip bandung nya. Ka nu di tatar sunda, nitip TS > sangkan titip tiis. Heuheu. Siga nu bogana bae. > > Ka Tugir (tukang giribig) nitip nyiru, tampir, hihid seeng aseupan dulang, > padaringan nya. Bari sakalian rek maluruh boboko jeung wawadahan pare beas > sangu urang bali siga kumaha. Sugan bisa ulin ka pilemburanana. > > Umur geus nincak 42an karek rek apal bali. Karunya nya. Haha > > Ka baraya nu ngumbara di bali, bilih hoyong mekelan oleh-oleh bawaeun ka > bandung, ieu hp si kuring 0811245487 heuheu > > >

