Abdi hoyong ngiringan nginum teh nu asal muasal ti tatar sunda....nineung ka 
lembur uyut jaman baheula di tarogong, sore2 bari ngulub sampeu dibaturan ku 
enteh cigasong disuruput panas2 tinu cangkir kaleng atawa gelas 
balingbing....Tah eta nukitu teh ceuk abdi mah asli budaya sunda teu 
kapengaruhan kudu nginum enteh peko atawa teh naon tea....hehehe.

N.B. Tamu2 kantor simkuring urang ustrali loba nu kageloan ku enteh 
cigasong....yummy....yummy cenah, teu asa enteh nu di lemburna nu teu puguh 
rasana.

--- On Tue, 5/18/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote:

From: oman abdurahman <[email protected]>
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda
To: [email protected]
Date: Tuesday, May 18, 2010, 9:25 PM







 



  


    
      
      
      Kang Rachmat, cikan hayang ngasaan tah enteh hejo ti Cianjur pakidulan 
teh. Bangun nikmat nguping wartosna mah, komo upami ngaleueutna teh diselang ku 
ngokos gula beureum (gula kawung), wanci pasosore keur hujan ngaririncik, pipir 
hawu bari nungguang bubuy hui anu karek nyat dijait tina pangbubuyanana. 
Kacipta.


Diantos, kumaha carana tiasa akses kana enteh hejo ti Cianjur pakidulan.

manar 

2010/5/17 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
















 



  


    
      
      
      Siaplah!


From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>

To: urangsu...@yahoogro ups.com
Sent: Mon, May 17, 2010 1:57:08 PM

Subject: Bls: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda









 



    
      
      
      Kang Yani kantun ngantosan waktosna ngenteh darat yeuh, ke antosan 
konfirmasi Kang Akos sareng teh Imas iraha2na. Aya menu spesial...teh hejo 
Cianjur Kidul.

 Makarya Mawa Raharja


Dari: MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@ yahoo.com>
Kepada: urangsu...@yahoogro ups.com

Terkirim: Sen, 17 Mei, 2010 12:55:15
Judul: Re: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda









 



    
      
      
      Ari kuring mah "nyandu" kana teh hejo, ti wewengkon Cianjur Kidul 
(pagelaran), dimana pun bojo sakola nepi ka SMP. Pucuk teh anu tos dipetik, 
dipoe sina garing nepi ka murintil alias garing pisan, heunteu digongseng dina 
panggorengan atawa ngaliwatan proses fermentasi jiga teh walini. Jadi eta enteh 
teh murni daun teh teu aya pangawet atanapi aya aroma malati. Upama diseduh ku 
cai heksagonal anu dipanaskeun, warna cai enteh semu hejo, heunteu beureum siga 
teh celup. Gegedoh/hampas entehna balik deui jiga daun teh. Beda pisan rasana, 
aromana oge khas daun teh.


baktos,

mrachmatrawyani



From: Jalak Pakuan <jalakpakuan@ yahoo.com>
To: kisu...@yahoogroups .com; urangsu...@yahoogro ups.com

Sent: Mon, May 17, 2010 11:02:55 AM
Subject: [Urang Sunda] Hayu ngenteh jeung ngopi asal tatar sunda









 



    
      
      
      Tadi isuk dina TV aya warta serangan ti Inggris mulai Juni, bulan hareup 
nyaeta serangan enteh Twinning. Luar biasa lian ti Jepang geuning Inggris nu 
boga seremoni nginum enteh nyerbu ka Indonesia kaasup ka tatar sunda!. Ari 
urang sunda nu ti leuleutik cegluk2 nginum moal kitu jadi serabeun lamun teu 
boga seremoni?


Ti taun 2004 kuring geus nyoba ngabiasakeun ngopi jeung ngenteh make produk ti 
tatar sunda. utamana mun aya rapat/coffee morning. Supaya menarik kuring sok 
campur wadul make nyonto menak eropa. Lamun ngopi biasa make kopi aroma make 
carita model wine tea. Jadi kopi best quality mirip wine kudu diteunden hela 
bisa taunan memeh digiling. Tah kopi ieu kualitas top sabab teu sagawayah 
nyieuna, mirip wine keur menak, top eksekutif.


Lamun carita enteh kuring mawa merek Walini ti
 kebon enteh pangalengan. Promosina kieu, ieu teh selektif pisan, husus ka 
eropa keur nginum teh menak2 eropa. Tah nu dina gelas khususon meunang meuli ti 
pabrikna, teu aya di pasaran lokal (he...he...pede we nyarita kitu teh).Mun aya 
lokal oge tradisina keur walanda atawa menak2 hungkul! (??)


Teuing rasana atawa caritana, lolobana bareuki disuguhan kopi jeung teh lamun 
keur rapat. Ngan hesena eta kudu meuli ka Bandung.

Tapi intina mah hayu urang ngenteh jeung ngopi nu asal usulna ti tatar sunda. 
Aku Cinta Produk Tatar Sunda!

 Makarya Mawa Raharja









    
     








      

    
     








    
     








      

    
     

    
    






  










    
     

    
    


 



  






      

Kirim email ke