ngiring reueus ka mj, mugya dipaparin kakuatan (materi jeung imateri) nu
leuwih keur ngahontal cita-cita, mang.

kuring ukur bisa ngaduakeun.

2010/5/18 mj <[email protected]>

>
>
>
>
>
>
>
>
> Tadi ge kitu, biantara teh aya nu ti Gramedia, ti Bank BNI46 salaku nu
> ngarojong kana ieu acara, atuh ti nu narima buku ge aya. Tah biantara ti nu
> narima buku diwakilan ku Mang Jamal. Mang Jamal biantarana teu lila, ngan
> rada aheng make ditambahan ku ceurik sagala, lain ceurik gogoaran siga orok,
> tapi ieu mah ingsreuk-ingsreukan bari sorana semu ngageter, teu kaliwat
> nyusutan cimata. Tayohna Mang Jamal kagagas, geuning loba keneh nu haat kana
> ngarojong kasadaran literasi, apan maca teh bagian tina literasi.
>
>
>
> Enya, wa, kagagas. We are not alone cek john lennon mah. Heuheu.
>
>
>
>  Mang Jamal nyabit-nyabit kana bubuka UUD45, kawajiban ngawalatrakeun
> kasejahteraan teh lain bae keur sabagian jalma nu deukeut  aksesna kana
> buku, tapi deuih keur maranehna nu jauh. Ku ayana sumbangan buku ieu teh
> sahenteuna geus mere jalan kana akses eta.
>
> Heueuh ari kituna mah ngilu karasa nyentug kana hate, behna aya nu haat ka
> nu jauh kana akses eta, jadi kagagas. Mun seug unggal jalma daek babagi
> kabagjaanana ka nu sejen, meureun moal nogencang teuing kaayaan teh (kaayaan
> nu mana nya?...karasa tapi hese)
>
>
>
> Kamari teh kurang jentre, bakat ku emosional (teatrikal cek agung mah
> haha). yen tujuan nagara RI diadegkeun numutken pembukaan UUD 45 teh,
> meningkatkan kesejahteraan umum jeung mencerdaskan kehidupan bangsa. Eta
> dua. Nu sejen mah lain. (nu internasional: ikut menjaga ketertiban dunia)
> berdasarkan ..(sila pancasila).
>
>
>
> Ceurikna Mang Jamal boa boa lir ceurikna jalma nu teu walakaya.
>
> Hanjakalna Mang Jamal keur ceurik teh teu kaburu difoto, da ukay ukey
> ngorobet pamotretan tina ransel. Nu inget keneh biantara Mang Jamal teh nu
> panutup..."sekian saja saya bicara sebelum saya menjadi lebih gila.." teuing
> kamana loyogna eta omongan.
>
>
>
>
>
> Enya, wa, ngarasa teu walakaya, sanajan kahayang mah loba, hayang milu aub
> ngamajukeun bangsa. Gaya pisan. Haha. Era atuda. Basa munggaran asup ka
> kampus tjap gadjah depa, aya spanduk, Selamat Datang Putra Putri Terbaik
> Bangsa. Pikeun si kuring mah eta teh lain kareueus, tapi asa dibere
> tangtangan atawa tugas, kudu bisa milu aub pikeun ngamajukeun bangsa. Hehe,
> matak kamari dina biantara saingetna, daek jadi dosen, sanajan gajih leutik,
> sabab ku cara kitu meureun leuwih bisa aya gunana, da ari jadi desainer
> interior mah, numutkeun widang akademik nu diteuleuman di senirupa, asa ngan
> ukur ngalayanan (bangsa) nu baleunghar, jegud, nu teu loba. Sedeng kaayaan
> mayoritas mah kategori semu ripuh jeung ripuh. Duka pedah ideologi sosialis
> demokrat nu duka kumaha rada nerap. Meureun kabita ku kondisi skandinavia nu
> nerapkeun sistem walfare state tea-nu sabenerna luyu jeung pancasila.
> heuheu. punten ngarahul.
>
>
>
> Enya nasib bangsa teh ripuh, anggota dewan kalah rek nyieun gedong anyar nu
> cenah waragadna 1.000.000.000.000 + 6.000.000.000 (satrilyun leuwih genep
> milyar) pedah cenah miring 7 darajat, dina kompas sababaraha poe katukang,
> insinyur geodesi itb naliti gedong dpr ayeuna, condongna teu nepi ka 7
> darajat, jeung masih layak pake keneh.Cek pikiran bodo si kuring nu nyaah ka
> ieu bangsa, nu biasa ngabanding-banding, mun duit sakitu pikeun ngarehab
> sakola sd, smp, di indonesia, bari nyieunan pabukon di sakola eta, asana
> leuwih mulia salaku wawakil rahayat.
>
>
>
> _,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke