Narima buku ti Gramedia teh di pakarangan tukang, make tenda. Loba geuning nu narima buku teh ti rupa-rupa komunitas. Ari ningali kadinyana mah rada reureug geuning loba nu sadar kana ngamajukeun pabukon teh. Acarana rada rame, da aya bajidoran sagala, malah aya musik tatalu make nuansa Sunda. Biasa dina acara siga kitu sok aya biantara sambutna boh ti pihak nu nyieun acara boh ti nu aya pakaitna. Tadi ge kitu, biantara teh aya nu ti Gramedia, ti Bank BNI46 salaku nu ngarojong kana ieu acara, atuh ti nu narima buku ge aya. Tah biantara ti nu narima buku diwakilan ku Mang Jamal. Mang Jamal biantarana teu lila, ngan rada aheng make ditambahan ku ceurik sagala, lain ceurik gogoaran siga orok, tapi ieu mah ingsreuk-ingsreukan bari sorana semu ngageter, teu kaliwat nyusutan cimata. Tayohna Mang Jamal kagagas, geuning loba keneh nu haat kana ngarojong kasadaran literasi, apan maca teh bagian tina literasi. Mang Jamal nyabit-nyabit kana bubuka UUD45, kawajiban ngawalatrakeun kasejahteraan teh lain bae keur sabagian jalma nu deukeut aksesna kana buku, tapi deuih keur maranehna nu jauh. Ku ayana sumbangan buku ieu teh sahenteuna geus mere jalan kana akses eta. Heueuh ari kituna mah ngilu karasa nyentug kana hate, behna aya nu haat ka nu jauh kana akses eta, jadi kagagas. Mun seug unggal jalma daek babagi kabagjaanana ka nu sejen, meureun moal nogencang teuing kaayaan teh (kaayaan nu mana nya?...karasa tapi hese) Ceurikna Mang Jamal boa boa lir ceurikna jalma nu teu walakaya. Hanjakalna Mang Jamal keur ceurik teh teu kaburu difoto, da ukay ukey ngorobet pamotretan tina ransel. Nu inget keneh biantara Mang Jamal teh nu panutup..."sekian saja saya bicara sebelum saya menjadi lebih gila.." teuing kamana loyogna eta omongan.
MSas

