Ph..kade wh bilih janten perang sasama korea kumaha tah ? heheheheh
================================
TITO SURYANA - AR SURABAYA
DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II
TLP. 031 5350510
FLEXI. 031 70951507
HP. 08123548519
----------------------------------------------------------
  ----- Original Message ----- 
  From: Siddik Wiradireja 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, May 31, 2010 7:30 PM
  Subject: [Urang Sunda] 2 Juni Korea pesta demokrasi


    
        Ti awal Mei 2010 di Korea ceuyah ku nu kampanye, di unggal setopan beus 
kota, setatsion metro ngajejer tim sukses ti unggal calon, nu kaos hejo, 
koneng, beureum jsb., ting arunggeuk kanu ngaliwat bari ngabagi-bagikeun "kartu 
nama" calon anu eusina ; ngaran calon, nomer calon, ngaran partey jeung target 
anu rek diperjoangkeunana.
        Tos dua minggu diunggal parapatan tingtaragog treuk-treuk kampanye ti 
tiap calon,
        rupa-rupa pamolahna, aya anu orasi, aya anu nyetel lagu-lagu, aya anu 
tinggaritek 
        wanoja-wanoja tim sukses jsb.

        Anapon anu rek dipilih dina pemilu tanggal 2 Juni 2010 nyaeta :
        1. Kyo yuk Eui won ( Dewan Pendidikan)
        2. Kyo yuk Kam ( Pengawas Pendidikan)
        3. Dong Nae Te pyo ( Wawakil ti tingkat "Dong" di DPRD distrik)
        4. Ku Eui Won (anggota DPRD tingkat "KU"/distrik)
        5. Ku Chong Jang ( Wali Kota tingkat "KU"/distrik bupati upami diurang 
mah)
        6. Si Eui Won ( Anggota DPRD kota Seoul)
        7. Seoul Si Jang ( Gubernur kota Seoul).

        Nyimpang sakedap, urang gambarkeun tingkat pamarentahan di Korea,
        1. Nasional/Pusat
        2. Propinsi, kota Istimewa (satingkat Propinsi) 
        3. KU (dikota), KUN di Propinsi (Districk dina bhs. Inggeris)
        4. DONG (dikota), MYON (di Propinsi)
        5. BAN (dikota), RI (di Propinsi)

        Aya hal anu teu lumrah sareng PEMILU dilembur, nyaeta seueurna 
caleg-caleg ti non-partey, ayana caleg piliheun kanggo Dewan Pendidikan sareng 
Pengawas Pendidikan,
        Ieu nandakeun yen Pendidikan di Korea mangrupa hiji hal anu penting 
pisan.

        Ari nu sok dijadikeun TPS nyaeta sakolaan-sakolaan, sabab sakolaan di 
Korea 
        mangrupa 2 atawa 3 wangunan gedong tilu atawa opat tingkat ngawangun 
hurup L atawa hurup U hareupeunana ublug-ablag lapangan maen bal (ieu mangrupa 
syarat ngawangun
        sakolaan kudu boga tempat olah raga, diluar lapang maen bal, di jero 
rohangan lapangan Volley, Basket bal jeung lapangan Badminton, teu di sakola 
dasar teu di sakola lanjutan, rupana ieu salah sahiji anu ngadorong olah raga 
Korea punjul).

        Pihatur,
        ssw
        http://cikundul3.multiply.com 
        Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
        Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda


       



  
==============================================
Flexi Irit Mingguan:

Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI
Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan !

Flexi Chatting:

Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM,
GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter
masing2 Rp 1.000/Mg
==============================================
              This Email Has been Scanned by Anti Virus
==============================================

Kirim email ke