ihhh...ieu mah sok matak "kapiring leutik"...., nyaeta upami nyerat sacara 
ilmiah mah
rumaos sanes ahlina, katurug-turug waktosna parebut sareng ngaliwet bari 
milarian
liweteunana.
Ieu mah tambi gado ngaburayot we,  urang ngadongeng; 
Ninggal dina lamina pendidikan di Korea sami sareng di urang kapungkur, SD 6 
taun, SMP 3 taun sareng SLA 3 taun, mung nu jadi panyirikan sim abdi mah, eta 
ninggal wangunan-wangunan sakola sareng kahirupan para guruna.

Geura we, sabaraha taun kapengker, waktos masih apruk-aprukan ka pilemburan 
milarian
panguseupan, mios teh sok bada subuh, janten dongkap ka pilemburan teh sok 
masih 
enjing-enjing, lebet ka jalan pilemburan rata ku aspal atanapi dibeton, sepi, 
langka mobil
anu ngaliwat, saparantos ngalangkunan pilemburan, jog kahiji sakolaan SD 
(ninggal dina 
plang na mah), nunggelis teu aya wangunan sanesna, gedongna weweg agreng di 
dibeton, dua wangunan ngawangun aksara "L" tiap wangunan dua tingkat, hareupeun 
gedong sakola ublug-ablag lapangan maen bal, sisi gedong ngajejer mobil-mobil 
(kagungan guru-guru eta sakolaan) sisi lapangan ngajajar sapedah (gagaduhan 
murid-murid), anu janten panyirikan, sisi jalan caket gapura sakola ngajogrog 
halteu pangeureunan beus tina beton atanapi beusi, kalawan jadwal kadatangan 
beus.

Dongeng sanesna, dina widang olah raga, urang nyandak conto, perkawis 
"batminton"
awal taun 80an Korea masih anak bawang di dunia per-batmintonan.
Harita, awal taun 80an, masih sesah milarian lapangan batminton lebet rohangan 
(indoors),
dina raraga mieling HUT kamerdakaan RI, KBRI bade ngayakeun pertandingan 
batminton,
saparantos tataros kaditu-kadieu, kenging informasi yen di SD Yoido (teu tebih 
ti KBRI)
gaduheun lapangan batminton di jero wangunan, saparantos nelepon ka eta SD, 
kenging
widi nganggo eta lapangan asal nganggona dinten minggu.
Dina dinten minggu anu tos dijangjikeun, dongkap we rombongan ti KBRI ka eta 
SD, 
nepungan we penjaga eta sakola, teras weh ditepangkeun ka guru olah raga eta SD 
(anu kapaksa kedah lebet ka sakola).
Dina palebah dieu, katinggal tanggel walerna guru olah raga sanes wae 
ngajar/ngadidik 
olah raga ka murid-muridna, tapi oge ngariksa sarana olah ragana.
Teu lami breng weh pertandingan dingawitan, kumargi harita sim abdi janten 
"jubirna" 
(heuheuheu...), pas nuju nongton pertandingan batminton, si guru olah raga 
ngajak ka 
kantorna, blus we kakantorna, anu matak pihelokeun, sanes ku kamewahan eusi 
kantor,
namung dina rak buku ngentep video (jaman harita teu acan aya VCD), olah raga.
Anu harita dipintonkeun video-video batminton, aya pertandingan "Piala Thomas", 
aya 
pertandingan piala "All England" sareng "Uber Cup"., malih harita dipamerkeun 
video rekaman Rudy Hartono, Lim Swie King sareng Ii Sumirat.
Anu matak helok, dina eta rekaman anu seueur disorot mung Rudy Hartono, Lim 
Swie King atanapi Ii Sumirat, lawanna mah mung ukur kasorot saliwatan.
Janten, tehnik sareng taktik jago-jago batminton ieu anu ditiron kanggo 
diajarkeun kamurid-
muridna, anu tangtos sanes mung dieta sakolaan.
Hasilna...., dina Seoul Asian Games 1986, Korea tos ngawitan nembongkeun 
sihungna
dina widang batminton. 

Tos ahhh..sakitu wae heula, geuning cangkeul oge ngetik teh.

Bonusna, "guru" di Korea diajenan pisan kusadaya lapisan masyarakat, paripaos ;
tong boroning pajabat luhur, dalah Presiden, pasti sujud upami pendak sareng 
guru SDna.

Pihatur,
ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Maman Gantra <[email protected]>






 



  


    
      
      
      Sae pisan posting salira teh, Apih. Kantenan padalisan nu di luhur mah. 
Aya kupayus upami Apih nyerat ngeunaan pendidikan di Korea -- ti kawit 
infrastruktur, suprastruktur sareng prak-prakannana, dugi ka kasawang kumaha 
Korea iasa bedas sapertos kiwari. Sigana Mangle atanapi Cupumanik kersa ngamuat 
eta seratan. Eunteung kangge praktek pendidikan di urang.



Baktos,

MGT





    
     

    
    

 



  




      

Kirim email ke