Ti awal Mei 2010 di Korea ceuyah ku nu kampanye, di unggal setopan beus kota, 
setatsion metro ngajejer tim sukses ti unggal calon, nu kaos hejo, koneng, 
beureum jsb., ting arunggeuk kanu ngaliwat bari ngabagi-bagikeun "kartu nama" 
calon anu eusina ; ngaran calon, nomer calon, ngaran partey jeung target anu 
rek diperjoangkeunana.
Tos dua minggu diunggal parapatan tingtaragog treuk-treuk kampanye ti tiap 
calon,
rupa-rupa pamolahna, aya anu orasi, aya anu nyetel lagu-lagu, aya anu 
tinggaritek 
wanoja-wanoja tim sukses jsb.

Anapon anu rek dipilih dina pemilu tanggal 2 Juni 2010 nyaeta :
1. Kyo yuk Eui won ( Dewan Pendidikan)
2. Kyo yuk Kam ( Pengawas Pendidikan)
3. Dong Nae Te pyo ( Wawakil ti tingkat "Dong" di DPRD distrik)
4. Ku Eui Won (anggota DPRD tingkat "KU"/distrik)
5. Ku Chong Jang ( Wali Kota tingkat "KU"/distrik bupati upami diurang mah)
6. Si Eui Won ( Anggota DPRD kota Seoul)
7. Seoul Si Jang ( Gubernur kota Seoul).

Nyimpang sakedap, urang gambarkeun tingkat pamarentahan di Korea,
1. Nasional/Pusat
2. Propinsi, kota Istimewa (satingkat Propinsi) 
3. KU (dikota), KUN di Propinsi (Districk dina bhs. Inggeris)
4. DONG (dikota), MYON (di Propinsi)
5. BAN (dikota), RI (di Propinsi)

Aya hal anu teu lumrah sareng PEMILU dilembur, nyaeta seueurna caleg-caleg ti 
non-partey, ayana caleg piliheun kanggo Dewan Pendidikan sareng Pengawas 
Pendidikan,
Ieu nandakeun yen Pendidikan di Korea mangrupa hiji hal anu penting pisan.

Ari nu sok dijadikeun TPS nyaeta sakolaan-sakolaan, sabab sakolaan di Korea 
mangrupa 2 atawa 3 wangunan gedong tilu atawa opat tingkat ngawangun hurup L 
atawa hurup U hareupeunana ublug-ablag lapangan maen bal (ieu mangrupa syarat 
ngawangun
sakolaan kudu boga tempat olah raga, diluar lapang maen bal, di jero rohangan 
lapangan Volley, Basket bal jeung lapangan Badminton, teu di sakola dasar teu 
di sakola lanjutan, rupana ieu salah sahiji anu ngadorong olah raga Korea 
punjul).

Pihatur,
ssw
http://cikundul3.multiply.com  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda  
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda



 



  






      

Kirim email ke