--- In [email protected], Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote:
> Aya hal anu teu lumrah sareng PEMILU dilembur, nyaeta seueurna caleg-caleg ti > non-partey, ayana caleg piliheun kanggo Dewan Pendidikan sareng Pengawas > Pendidikan, > Ieu nandakeun yen Pendidikan di Korea mangrupa hiji hal anu penting pisan. > > Ari nu sok dijadikeun TPS nyaeta sakolaan-sakolaan, sabab sakolaan di Korea > mangrupa 2 atawa 3 wangunan gedong tilu atawa opat tingkat ngawangun hurup L > atawa hurup U hareupeunana ublug-ablag lapangan maen bal (ieu mangrupa syarat > ngawangun > sakolaan kudu boga tempat olah raga, diluar lapang maen bal, di jero rohangan > lapangan Volley, Basket bal jeung lapangan Badminton, teu di sakola dasar teu > di sakola lanjutan, rupana ieu salah sahiji anu ngadorong olah raga Korea > punjul). > > Pihatur, > ssw > http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda > Sae pisan posting salira teh, Apih. Kantenan padalisan nu di luhur mah. Aya kupayus upami Apih nyerat ngeunaan pendidikan di Korea -- ti kawit infrastruktur, suprastruktur sareng prak-prakannana, dugi ka kasawang kumaha Korea iasa bedas sapertos kiwari. Sigana Mangle atanapi Cupumanik kersa ngamuat eta seratan. Eunteung kangge praktek pendidikan di urang. Baktos, MGT

