ari ningali di nagara batur, teras ngabandingkeun jeung di nagara sorangan, nu kaemutan teh mung kieu: piirahaeun di urang jiga di batur nya? di mana sektor pendidikan diutamakeun, boh kanggo sarana prasarana, boh kanggo guru, boh kanggo murid2na, oge panginten masalah materi pengajaran. ari di urang mah ning asa pijauheun ka nu ideal teh, henteu weh dugi ka nyebat pamohalan mah.
eta tina segi pendidikan, acan tina segi sanesna... sim kuring mah sanes guru, mung kantos ngaraosan bangku sakola *ieu mah sakadar ngalamun tamba gado ngaburayot oge... hehe... Dikdik --- In [email protected], Siddik Wiradireja <cikund...@...> wrote: > > ihhh...ieu mah sok matak "kapiring leutik"...., nyaeta upami nyerat sacara > ilmiah mah > rumaos sanes ahlina, katurug-turug waktosna parebut sareng ngaliwet bari > milarian > liweteunana. > Ieu mah tambi gado ngaburayot we,� urang ngadongeng; > Ninggal dina lamina pendidikan di Korea sami sareng di urang kapungkur, SD 6 > taun, SMP 3 taun sareng SLA 3 taun, mung nu jadi panyirikan sim abdi mah, eta > ninggal wangunan-wangunan sakola sareng kahirupan para guruna. > > Geura we, sabaraha taun kapengker, waktos masih apruk-aprukan ka pilemburan > milarian > panguseupan, mios teh sok bada subuh, janten dongkap ka pilemburan teh sok > masih > enjing-enjing, lebet ka jalan pilemburan rata ku aspal atanapi dibeton, sepi, > langka mobil > anu ngaliwat, saparantos ngalangkunan pilemburan, jog kahiji sakolaan SD > (ninggal dina > plang na mah), nunggelis teu aya wangunan sanesna, gedongna weweg agreng di > dibeton, dua wangunan ngawangun aksara "L" tiap wangunan dua tingkat, > hareupeun gedong sakola ublug-ablag lapangan maen bal, sisi gedong ngajejer > mobil-mobil (kagungan guru-guru eta sakolaan) sisi lapangan ngajajar sapedah > (gagaduhan murid-murid), anu janten panyirikan, sisi jalan caket gapura > sakola ngajogrog halteu pangeureunan beus tina beton atanapi beusi, kalawan > jadwal kadatangan beus. > > Dongeng sanesna, dina widang olah raga, urang nyandak conto, perkawis > "batminton" > awal taun 80an Korea masih anak bawang di dunia per-batmintonan. > Harita, awal taun 80an, masih sesah milarian lapangan batminton lebet > rohangan (indoors), > dina raraga mieling HUT kamerdakaan RI, KBRI bade ngayakeun pertandingan > batminton, > saparantos tataros kaditu-kadieu, kenging informasi yen di SD Yoido (teu > tebih ti KBRI) > gaduheun lapangan batminton di jero wangunan, saparantos nelepon ka eta SD, > kenging > widi nganggo eta lapangan asal nganggona dinten minggu. > Dina dinten minggu anu tos dijangjikeun, dongkap we rombongan ti KBRI ka eta > SD, > nepungan we penjaga eta sakola, teras weh ditepangkeun ka guru olah raga eta > SD (anu kapaksa kedah lebet ka sakola). > Dina palebah dieu, katinggal tanggel walerna guru olah raga sanes wae > ngajar/ngadidik > olah raga ka murid-muridna, tapi oge ngariksa sarana olah ragana. > Teu lami breng weh pertandingan dingawitan, kumargi harita sim abdi janten > "jubirna" > (heuheuheu...), pas nuju nongton pertandingan batminton, si guru olah raga > ngajak ka > kantorna, blus we kakantorna, anu matak pihelokeun, sanes ku kamewahan eusi > kantor, > namung dina rak buku ngentep video (jaman harita teu acan aya VCD), olah raga. > Anu harita dipintonkeun video-video batminton, aya pertandingan "Piala > Thomas", aya > pertandingan piala "All England" sareng "Uber Cup"., malih harita dipamerkeun > video rekaman Rudy Hartono, Lim Swie King sareng Ii Sumirat. > Anu matak helok, dina eta rekaman anu seueur disorot mung Rudy Hartono, Lim > Swie King atanapi Ii Sumirat, lawanna mah mung ukur kasorot saliwatan. > Janten, tehnik sareng taktik jago-jago batminton ieu anu ditiron kanggo > diajarkeun kamurid- > muridna, anu tangtos sanes mung dieta sakolaan. > Hasilna...., dina Seoul Asian Games 1986, Korea tos ngawitan nembongkeun > sihungna > dina widang batminton. > > Tos ahhh..sakitu wae heula, geuning cangkeul oge ngetik teh. > > Bonusna, "guru" di Korea diajenan pisan kusadaya lapisan masyarakat, paripaos > ; > tong boroning pajabat luhur, dalah Presiden, pasti sujud upami pendak sareng > guru SDna. > > Pihatur, > ssw > http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda > Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda > > Maman Gantra <mamangantra2...@...> > > > > > > > � > > > > > > > > > > Sae pisan posting salira teh, Apih. Kantenan padalisan nu di luhur mah. > Aya kupayus upami Apih nyerat ngeunaan pendidikan di Korea -- ti kawit > infrastruktur, suprastruktur sareng prak-prakannana, dugi ka kasawang kumaha > Korea iasa bedas sapertos kiwari. Sigana Mangle atanapi Cupumanik kersa > ngamuat eta seratan. Eunteung kangge praktek pendidikan di urang. > > > > Baktos, > > MGT >

