solusina kumaha nya kang, sangkan nagara ieu (indonesia) teu pikasediheun
deui?

2010/9/2 Remi <rsyaif...@yahoo.com>

>
>
>
>
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>, Dudi
> Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
> >
> > seueur kang nu pola pikirna cara kitu teh, menkominfo, tifakul sembiring
> ge
> > dina twitterna ngarasa jadi kolot nganggap rahayat teh budak leutik.
> manehna
> > oge nyaruakeun maneh jeung dokter jiwa nganggap rahayatna jalma gelo.
> dasar!
> >
> > cik kang rahman pangdongengkeun kuring, kumaha palanggeran kaormasan di
> > eropa kulon wabilhusus di belanda. kumaha mekanisme pembubaran orman di
> > ditu?
> >
> > nuhun
> >
> > dudi
> >
>
> Kang Dud,
>
> Perkara kaormasan di Eropa mah asa gampil ngajawab na. Ngababanding dina
> UUD NL misal na, aya pasal anu nangtayungan 'kabebasan berorganisasi'. Sing
> saha bae oge wenang nyieun organisasi jang kapentingan masing2. Tapi bebas
> lain dina harti bablas, sabab aya aturan sejen anu meungkeut na.Koncina mah,
> TEU ngaganggu kapentingan UMUM jeung individu sejen na. Sakabeh manusa
> sabage obyek hukum, oge organisasi wajib nyanghareup kana eta aturan.
>
> Pamarentah TEU bisa kitu wae ngabubarkeun hiji organisasi. Organisasi mafia
> oge teu bisa kitu bae dibubarkeun, tapi KUDU make mekanismeu pangadilan
> heula. Mun hiji hakim (sistem peradilan di NL aya disaluareun pamarentah!)
> sacara independen mutuskeun hiji organisasi teh KABUKTIKEUN kaasup kana
> organisasi kriminal, kakara bisa dilarang. Prosedur ieu teh ati2 pisan
> diterapkeunana.
>
> Coba perhatikeun... loba pisan organisasi jalur heuras asal Arab anu aya di
> Inggris. Naon sabab na cing?;))
>
> Balik kana kaayaan nagara urang. Nyaeta atuh... teu menyat2. kalah beuki
> teu aleucreug geuning? Komo mun ngabandungan kalakuan Pangawasa mah, bet asa
> leuwih TEU eucreug alahmanan penjajah baheula?
>
> Sigana teh integritas individu jeung kelompok kalah makin dileleceh?
>
> Sedih ngabandunganana... :(((
>
>  ___._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke