--- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, Dudi Herlianto <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> solusina kumaha nya kang, sangkan nagara ieu (indonesia) teu pikasediheun
> deui?
> 
> 

Sabenerna mah solusina teh basajan pisan Kang.... penegak hukum sina aktif. 
Nyalindungan anu dikekesek, ngahukum anu ngalanggar hukum. Jadi... teu kudu 
ngabubar2keun ormas. Sabab mun hiji indiviud atawa badan hukum samodel ormas 
ngalanggar hukum terus DIHUKUM, pan kapok mun rek ngalanggar hukum deui.

Sigana ieu pisan anu jadi pikasediheun di urang teh. Hukum, aturan jeung UU teh 
lain jang diterapkeun, tapi jang dilanggar!

Rieut puguh... piraku kudu nyewa penegak hukum ti nagara batur mah? Sigana ieu 
pisan solusi ces pleng na?

Make model nyewa pagawe SGS ti Swiss kulantaran pagawe bea cukai urang teu 
eucreug kitu? pan ayeuna kinerja bea cukai cenah RADA bener. Duka ketah....

Kirim email ke