Wa'alaikumsalaam w. w.

Daripada kalah hoghag mah meureun kalah beuki bengkah, sigana urangna
kapaksa ngelehan heula, Kang... Maksud ngelehan di dieu, keun bae maranehna
rek keukeuh mamalayuan oge, tapi urangna kudu leuwih pengkuh nyarita dina
basa Sunda. ulah kabawakeun. Contona bae tong boro di pangumbaraan, dalah di
lembur sorangan ge ari urang ka toko teh kiwari mah sok diladangan make basa
Indonesia. Asal urangna pengkuh kana basa Sunda, lila2 maranehna ge jadi
ngarilu ngomong deui ku basa Sunda. Nya, sahanteuna sakuringeun. Coba mun
sakusnet we nu ulin di bandung atawa nu masih tatar sunda, cobaan heulakeun
make basa Sunda. Lamun ituna geus ampun2an teu ngarti, nya kakara make basa
Indonesia.

Perkawis panyakit matuh, walah duka tah lieur musinganana ge...

On Thu, Sep 4, 2008 at 12:42 PM, amirrullah idris wrote:

>   Assalammu'alaikum Wr.Wb
> Tah... taun.2003 di Balikpapan Simkuring.. ngiringan... Paguyuban...Sunda
> namina paguyuban Parahiyangan... tapi upami kempel.. ririungan marake basa
> indonesia... malihan mah kantos rerencengan Simkuring.. ngawartosan upami
> tiasa ...  nganggo basa Sunda... tapi walerna kirang sae komo anjeuna
> PEJABAT... saurna teh "Kumaha kuring bae rek make Sunda atau Bahasa
> Indonesia ini bukan urusan kamu"
> Alhamdulillah.... Paguyuban... lancar... dugi ka... panyawat matuh... nu
> teu karaos... nyerang... nyaeta... sababara.. anggotana atos majeng... tina
> harta bendana tos hebat.... teras... alim deui bergabung... sareng...
> anggota anu kalangan... kelas bawah.... tah teu tiasa dipungkiri... nu
> tadina dulur jadi batur.... sabab... geus poho kana purwadaksi... lain silih
> tulung... silih asah.. silih asih... silih asuh....  tapi... pada
> mamerkeun.. kakayaan...
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id

Kirim email ke