Minggu2 kamari kuring nyaksrak internet, neang iklan nu ngajual imah di
daerah bogor. Manggih sababaraha imah, terus hiji dua anu rada pibogoheun
dikontak make SMS. Kabiasaan mun nu ditujul gede kamungkinanana urang Sunda,
kuring sok nyarita dina basa Sunda. Sababaraha kali pabales-bales SMS, nepi
ka tungtungna kuring ngadatangan imah nu rek dijual tea. Pek teh imahna
kosong, tapi teu jauh ti eta imah aya adina nu boga imah. Ngobrol ngobrol
ngobrol... horeng nu boga imah teh urang Palembang, jeung ayeuna memang geus
mulih pakandangan ka lemburna. Geuning bisaeun basa Sunda? Nya sahanteuna
cenah geus aya taunna matuh di Bogor. Padahal, pas harita kuring neang eta
imah, di sabundereun teh jarang ngadenge nu nyarita make basa Sunda, da
cenah di dinya mah loba Betawi gusuran ti Jakarta.

Baheula mah nu daratang ka dieu teh sok daraek diajar basa Sunda. Ari
kiwari? Boro2. Antukna nya wajar budakna oge kagugusur dina pangajaran basa
Sunda di sakola, da memang asing pikeun maranehna mah, sabab kolotna teu
ngajak adaptasi. Tong boro kolotna nu urang luar, dalah indung bapa kiwari
mah najan duanana urang Sunda bari jeung matuh di tatar Sunda ge nyarita ka
barudakna mah make basa tivi.

On Thu, Sep 4, 2008 at 3:32 PM, Panzi wrote:

>   inget basa ka subang neang taneuh keur nangtungna tower,
> ka daerah sagalaherang asana mah...
> "assalamu'alaikummmm.." bari keketrok panto...
> tuluy aya nu mukakeun panto, ibu2 geus rada kolot,
> tidinya uing langsung we nyorocos make basa sunda, nerangkeun yen rek
> neang taneuh keur nangtungna tower,
> sabot uing keur nyarita, si ibu geus puluhak polohok weeee....
> sanggeus rengse nyarita... kakara si ibuna gomong..
> "Maaf mas, saya ngga ngerti bahasa sunda, saya orang jawa, walaupun dah
> lama tinggal disini tapi belum ngerti bahasa sunda..!!"
> bedul teh...!! hanas uing titadi nyorocos make basa sunda, jadi we omongan
> tadi teh ditranslate ka basa endonesia... hihihi...
>

Kirim email ke