Nepangkeun sim kuring Kang Amir, sami2 enggal dina greup ieu.
Prihatin nya ku situasi sepertos kitu, tapi ulah janten alit manah Kang.

Waktos Pak Yogi SM ngajabat Mendagri anjeuna kantos 
'ngajabarkeun' pemerintahan di KALTIM, hee..

Kuring aya pangalamanKAng waktos dines ka Lhokseumawe th 1992 pendak sareng 
perwira 
nu dikaryakeun di PT ARUN namina Letkol AD Sabar GuruSinga, kuring 
diajak nyarios
sunda meuni sae pisan, mimitina rada aneh sabab anjeuna jelas urang Batak tp 
bet bisa 
ngobrol sunda. 

Caritana baheula saatos lulus AKABRI Pak Sabar GS ditempatkeun di Tasikmalaya. 
Kulantaran di Tasik mah 
masyarakatna Islam sementara anjeuna ti Batak, jadi ngarah diaku ku masyarakat 
sunda di Tasik manehna ngaganti ngaran jadi
Sabar GandaSasmita. Mimiti diajar maca sunda nya eta maca Kartu Lebaran: 
Wilujeung boboran..hapunten samudaya..jst.

Hartina, sabenerna mah lain urang sunda hungkul nu ngamumule basa sunda, tapi 
suku lain oge loba nu mikacinta sunda.

Wass,
Indra3tura - ngiring ngahibur Kang Amir nu nuju di lembur batur



----- Original Message ----
From: amirrullah idris <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Thursday, September 4, 2008 12:42:37 PM
Subject: [Urang Sunda] Akang... Euceu. Curhat Basa Sunda


Assalammu'alaikum Wr.Wb               Ka dulur sadayana... ieu teh... 
sakedik... Curhat.. ti Simkuring.. perkawis... BASA SUNDA... ti ngawitan.... 
Aceh... Medan... Palembang... kalimantan.. . sulawesi... dugi ka irian... 
Meroke... Simkuring dines atos 20 taun... sering... mendakan urang sunda.... 
boh ti Tasik... ti garut.. ti bandung... onaman oge... Mung... KUnaon... SOK 
GENGSI lamun maranehna make basa Sunda teh... janten ulah ngalepatkeun. .. 
unggah.. ungguh basa na tapi... ku kecap... Sunda teh meuni siga nu... alim.. 
Tah... taun.2003 di Balikpapan Simkuring.. ngiringan... Paguyuban.... Sunda 
namina paguyuban Parahiyangan. .. tapi upami kempel.. ririungan marake basa 
indonesia... malihan mah kantos rerencengan Simkuring.. ngawartosan upami tiasa 
...  nganggo basa Sunda... tapi walerna kirang sae komo anjeuna PEJABAT... 
saurna teh "Kumaha kuring bae rek make Sunda atau Bahasa Indonesia ini bukan 
urusan kamu"    atuh rada raheut hate teh... tah... Simkuring... nyuhunkeun 
widi ka sesepuna  di Paguyuban  teh...  yen bade ngadamel Paguyuban... Sunda 
anakna namina Paguyuban Padjdjaran.. . tapi... dina waktos... ririungan.. ku 
Simkuring... di tangtoskeun. . kedah nganggo bahasa Sunda... boh anu bojona 
jawa... atanapi Bugis, banjar,  .... carogena   urang.. dayak ,batak, menado 
kedah tiasa bahasa Sunda....
Alhamdulillah. ... Paguyuban... lancar... dugi ka... panyawat matuh... nu teu 
karaos... nyerang... nyaeta... sababara.. anggotana atos majeng... tina harta 
bendana tos hebat.... teras... alim deui bergabung... sareng... anggota anu 
kalangan... kelas bawah.... tah teu tiasa dipungkiri.. . nu tadina dulur jadi 
batur.... sabab... geus poho kana purwadaksi.. . lain silih tulung... silih 
asah.. silih asih... silih asuh....  tapi... pada mamerkeun.. kakayaan... 
cik... ku para wargi... di uninga... memang... TEU SADAYANA... tapi... nya 
kitu... katelahna.. urang Sunda... malahan.. mun beunghar teh sok hayang 
Kawin... deui..... ehh... eh... punten.. ke Abdi dibaledog kunu.... 
ngawayuh.... hi...hi... SIEUN...... 
Simkuring sok sirik ku paguyuban nu sanes sapertos ti BATAK, ti MAKASAR, ti 
PADANg, Ti MENADO.... ari maju jeung beunghar teh malah silih... tarik jadi 
dulur... mun bisa pejabat di kantor teh sadaerahna.. ... sadayana.. ti pimpinan 
dugi ka tukang kebon....
Mangga di uninga ku dulur-dulur. ... kunaon.. atuh.. jiga kitu... bilih  ... 
eta mah paraosan Simkuring wungkul... da bisa-bisa janten Fitnah..... atanapi 
Simkuring lepat... Heug bae bade di carekan oge... tah... no HP Simkuring... 
081545567889
(Ir.Amirullah Idris... KODAM VI/TPR)
Hampura kanu kasuhun... da Simkuring oge teu acan tangtu leres....
upami tiasa silih bantu dina sasih Shaum ieu langkung sae... bongan dina 
Al-Quran oge....disebatkeun. ... WATA-'AAWANUU 'ALAL BIRRI WATTAQWAA WALAA 
TA'AAWANUU AALA ITSMI WAL'UDWAANI. ... nu hartosna Silih tulung...maraneh dina 
urusan kahadean.... ulah silih tulung dina urusan nu pi dosaeun.. atawa 
pijadieun musuh..... (punten bilih lepat.. hartosna..)

Wassalam...
.... (
Hampura
A

 

________________________________
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  


      

Kirim email ke