beda deui carita basa di lampung mah...

harita rek meuli tiket beus balikeun ka bandung, meulina di PO kramat jati,
saacan asup ka kasir penjualan tiket teh, geus kadenge si teteh kasirna
keur ngobrol make basa sunda jeung nini2 urang cina...
ari uing langsung we pok... "teh... tiket kanggo ka bandung aya keneh..??"
"buat yg kapan..??" ceuk si tetehna.
"kanggo dinten ieu..!!" tembal uing
"ada... buat berapa orang..??"
"tiluan..."
"tunggu yah sebentar... silahkan duduk..!!"
bari nungguan, uing jeung babaturan ngan pating reret we.. geus meunang
tiket mah tuluy we kaluar.. bari nyarita ka babaturan.. "tuh urangsunda nu
pikasebelan mah siga kitu..!! di lembur batur panggih jeung anu salembur
sarua urang sunda oge, keukeuh we ngomong basa endonesia.."

bari nunungguan beus indit... uing rek milu ngecharge HP di kantor eta
keneh, harita aya si enci jeung si engko anu boga eta PO...
"Nci.. numpang ngecharge HP disini ya...!!"
"sok we... keun da lami keneh iyeuh angkatna mah..!!"
beu...!! si enci nu urang cina wae daekeun ngomong basa sunda, padahal
tadina uing ngajak basa endonesia. Padahal kaasup jalma beunghar tapi daek
ngomong basa sunda. Na ari US nu aslina, mani teu daek ngomong basa sunda.
Si engkona kitu deui... ngobrol jeung si encina teh make basa sunda...
basa ngobrol jeung uing mah make basa sunda preman deuih... hehehe...

Aya kukituna nya Urangsunda...!!!


-panzi-



> Minggu2 kamari kuring nyaksrak internet, neang iklan nu ngajual imah di
> daerah bogor. Manggih sababaraha imah, terus hiji dua anu rada pibogoheun
> dikontak make SMS. Kabiasaan mun nu ditujul gede kamungkinanana urang
> Sunda,
> kuring sok nyarita dina basa Sunda. Sababaraha kali pabales-bales SMS,
> nepi
> ka tungtungna kuring ngadatangan imah nu rek dijual tea. Pek teh imahna
> kosong, tapi teu jauh ti eta imah aya adina nu boga imah. Ngobrol ngobrol
> ngobrol... horeng nu boga imah teh urang Palembang, jeung ayeuna memang
> geus
> mulih pakandangan ka lemburna. Geuning bisaeun basa Sunda? Nya sahanteuna
> cenah geus aya taunna matuh di Bogor. Padahal, pas harita kuring neang eta
> imah, di sabundereun teh jarang ngadenge nu nyarita make basa Sunda, da
> cenah di dinya mah loba Betawi gusuran ti Jakarta.
>
> Baheula mah nu daratang ka dieu teh sok daraek diajar basa Sunda. Ari
> kiwari? Boro2. Antukna nya wajar budakna oge kagugusur dina pangajaran
> basa
> Sunda di sakola, da memang asing pikeun maranehna mah, sabab kolotna teu
> ngajak adaptasi. Tong boro kolotna nu urang luar, dalah indung bapa kiwari
> mah najan duanana urang Sunda bari jeung matuh di tatar Sunda ge nyarita
> ka
> barudakna mah make basa tivi.
>
> On Thu, Sep 4, 2008 at 3:32 PM, Panzi wrote:


Panzi
E-mail : [EMAIL PROTECTED]
Enggineering Section
PT Inti Pindad Mitra Sejati
Bandung - Jawa Barat

Kirim email ke