Hahaha humorna lumayan , keuna ka na mamaras; ninggang wirahma

--- On Thu, 9/4/08, Panzi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Panzi <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Akang... Euceu. Curhat Basa Sunda
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, September 4, 2008, 8:32 AM






inget basa ka subang neang taneuh keur nangtungna tower,
ka daerah sagalaherang asana mah...
"assalamu'alaikummm m.." bari keketrok panto...
tuluy aya nu mukakeun panto, ibu2 geus rada kolot,
tidinya uing langsung we nyorocos make basa sunda, nerangkeun yen rek
neang taneuh keur nangtungna tower,
sabot uing keur nyarita, si ibu geus puluhak polohok weeee....
sanggeus rengse nyarita... kakara si ibuna gomong..
"Maaf mas, saya ngga ngerti bahasa sunda, saya orang jawa, walaupun dah
lama tinggal disini tapi belum ngerti bahasa sunda..!!"
bedul teh...!! hanas uing titadi nyorocos make basa sunda, jadi we omongan
tadi teh ditranslate ka basa endonesia... hihihi...

-Panzi-

> Wa'alaikumsalaam w. w.
>
> Daripada kalah hoghag mah meureun kalah beuki bengkah, sigana urangna
> kapaksa ngelehan heula, Kang... Maksud ngelehan di dieu, keun bae
> maranehna
> rek keukeuh mamalayuan oge, tapi urangna kudu leuwih pengkuh nyarita dina
> basa Sunda. ulah kabawakeun. Contona bae tong boro di pangumbaraan, dalah
> di
> lembur sorangan ge ari urang ka toko teh kiwari mah sok diladangan make
> basa
> Indonesia. Asal urangna pengkuh kana basa Sunda, lila2 maranehna ge jadi
> ngarilu ngomong deui ku basa Sunda. Nya, sahanteuna sakuringeun. Coba mun
> sakusnet we nu ulin di bandung atawa nu masih tatar sunda, cobaan
> heulakeun
> make basa Sunda. Lamun ituna geus ampun2an teu ngarti, nya kakara make
> basa
> Indonesia.
>
> Perkawis panyakit matuh, walah duka tah lieur musinganana ge...
>
> On Thu, Sep 4, 2008 at 12:42 PM, amirrullah idris wrote:
>
>> Assalammu'alaikum Wr.Wb
>> Tah... taun.2003 di Balikpapan Simkuring.. ngiringan...
>> Paguyuban... Sunda
>> namina paguyuban Parahiyangan. .. tapi upami kempel.. ririungan marake
>> basa
>> indonesia... malihan mah kantos rerencengan Simkuring.. ngawartosan
>> upami
>> tiasa ... nganggo basa Sunda... tapi walerna kirang sae komo anjeuna
>> PEJABAT... saurna teh "Kumaha kuring bae rek make Sunda atau Bahasa
>> Indonesia ini bukan urusan kamu"
 














      

Kirim email ke