Sae kacida pamikiran sapertos kieu teh, mung ieumah mun ngoreleng deui kana
bahasan munggaran nyaeta perkara foto jadul tea. Punten ari sakuringeun mah
nyaeta geuning asa karasa mangfaatna, duka mangfaat nu kumaha da ceuk
sakuringeun deui wae, ngenteung ka tukang teh rada lumayan nga
representasikeun kumaha nyingkahna paripolah ti jaman ka jaman, ti karuhun
tug dugika kiwari, sanajan si kuring teu aya cupat2 acan kana widang sajarah
saperti MJ, tapi geuning aya keneh nu nyangkaruk karesep jeung kaheman dina
nyukcruk kabaheulaan.

 

Apan mun dicontokeun dina widang seni kakawihan mah sanajan mereun entep
sereuhna asa teu merenah hehe, asa teu aya salahna dina jaman kiwari kuring
kekeuh mikaresep kawih taun 50-60 an sanajan rea nu ngajejeleh, yeuh lagu
mah peterporn.eh peterpan nu pang anyarna lain hayoh wae ngagugulung titiek
puspa, Tetty Kadi, rahmat kartolo jrrd. Ah sanajan teu kaumuran ku si kuring
taun 50-60-70 an lain hartina kuring ulah ngenteung pan, tah palebah dieu
mah gumantung naha deuk keleweng leos (deuk nyebut porocot leos teu wani
hehehe.) alias ngan ukur pangaresep atawa sacara eksplisit diguar siga neng
Nancy ti unpad tea, naha atuh kolaborasi Titiek Puspa antukna jadi remix,
atawa ku calung sugan hehehe. (jadi ngacaprux kieu nya rarasaan teh)

 

Jadi nya antukna mah kitu tea si kuring nganuhunkeun pisan ka bah Willy dina
postingan2 foto jadul, sakali deui ieu mah keur sakuringeun hehehe. 

 

Baktos,

 

Ti si kuring nu cita2 hayang boga mobil jaguar tapi di musikan ku Cianjuran.

(Sugan teu disebut sombong da pimanaeun boga duit keur meuli mobil hehehe..)

 

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of MRachmat Rawyani
Sent: Thursday, June 17, 2010 7:55 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Foto-Foto Sunda "Jadul"...kudu aya sintesa
pamikiran/ide.

 

  

kadang-kadang, "pembaharuan" teh sok dipitembeyan ti lingkungan paguron,
sabab ayana "perbenturan"  pamikiran anu engkena ngahasilkeun hiji sintesa
tina sababaraha tesa. Sacara sistematis jeung sistemik sagala kamungkinan
ide "pembaharuan" digodog, dibeuweung diutahkeun, anu engkena ngajanggelek
jadi hiji konsep anu "teruji".

Ku ayana kamajuan dina widang TI (tehnologi Informasi), sagala PR ti
generasi bareto dikumpulkeun dihijikeun disimpen atawa dipublikasikeun,
supaya dipikanyaho ku publik. Tapi nyaeta kedah aya anu hususon pikeun
ngarangkum konsep/pamikiran generasi bareto. Contona siga Mang MJ anu
ngumpulkeun sagala hal anu aya pakaitna kana perkara arsitektur atawa
wangunan Sunda jaman bareto nepi ka jaman ayeuna. Hiji hal anu kedah
diapresiasi ceuk kuring mah. Soalna teu sagawayah satiap urang bisa ancrub
dina perkara ieu. 

Jiga senin kamari, aya ceramah ti hiji pangusaha wanoja lulusan Komunikasi
Unpad (Nancy), anu ngadongengkeun kagiatan usahana ti taun 2007, anu
ngahusukeun ngajual software motif batik (Batik Fractal)  ka sakuliah dunya.
Tadina mah iseng-iseng ngomputerkeun motif-motif batik anu aya di Indonesia
sacara matematik. Ti dinya ngahasilkeun motif-motif batik anyar, anu heunteu
sakadar pikeun nyitak dina "kain batik' tapi oge pikeun motif dina sapatu
(cibaduyut), konsumen luar negeri mah malahan motif batik eta di citak dina
mobil BMW salah sahiji konglomerat  Eropa.

Ieu mah contoh, kumaha konsep motif batik heubeul  sabada dikonversikeun
sacara TI,  jadi hiji komoditas dina kahirupan modern ayeuna.
Pola atawa cara siga kieu jadi conto  ngamodernisir hiji konsep heubeul
sangkan bisa ngigelan jaman jeung pajamanan.


mrachmatrawyani

 

 

  _____  



__________ NOD32 5003 (20100406) Information __________

This message was checked by NOD32 antivirus system.
http://www.eset.com

Kirim email ke