Nuhun dongeng sasakala kopeah bin peci. Hartina bung karno nyokot ikon ti
luar pikeun jadi lambang nasional. Kungsi tatanya sorangan (da bung karno
geus maot) naha bet nyokotan ikon ti luar, teu ti jero negeri sorangan, cara
(cenah) pancasila nu digali dari kekayaan budaya bangsa.

 

Nu katoong teh sigana alatan harita BK ngutamakeun persatuan jeung kasatuan
tea, jaba masih dina tahap nation building. Tangtu kudu adil, rata, teu
ngajagokeun hiji ikon ti hiji seler di indonesia, bisi seler sejen sirik
jeung sajabana. Batik jaman harita mah lain indonesia pastina, tapi ti pulau
jawa. Basa geus jadi tokoh pergerakan nasional, komo geus merdeka, asana
Bung karno tampil di umum tara make baju blangkon jawa atawa bali atawa naon
bae. Tapi baju londo.safari, jas, jsb. Sigana salah salima tujuan nya kitu,
sangkan sajajar jeung bule oge, teu matak sirik hiji seler, mun BK make baju
tradional jawa atawa sunda atawa nu sejena.

 

Kungsi nulis di rubrik desain kompas minggu, tulisan kadua, judulna
"Menggugat istana presiden" (jaman kompas lebar keneh). Nya ngeritik naha
presiden indonesia ayeuna kantorna di istana merdeka/istana presiden di
gambir. Lain ari eta teh titinggal warisan kolonial walanda. Sacara simbol,
sarua jeung neruskeun lalampahan kolonial (ongkoh praktekna mah kitu,
kawijakan jakarta nu harita sentralistik sering ngarugikeun daerah). Tapi
eta teh ti jaman BK. Harita mah BK dalam rangka mensejajarkan harkat
martabak bangsa tea. Jaba meureun can kapikir nyieun istana presiden anyar.
Sanajan kitu, gera'an nyieun monumen nu ngahudangkeun kareueus nasional mah
BK rajin, cara nyieun monas, patung-patung di jkt, hotel indonesia, jsb.

 

Kiritik tulisan eta nya mun bisa mah, kaayeunakeun, meureun hade mun
presiden ngantor di wangunan model lokal. Boh make gaya hiji entik
meleg-meleg, dijieun badag, atawa campuran (eklektik, istilah dina
arsitektur, nyampurkan sagala gaya model imah lokal). . Sebut we model rumah
gadang (gadang=besar) minangkabau, atawa model nu saluyu jeung karakter
kakuasaan. 

 

reureuh heula ah.

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:urangsu...@yahoogroups.com] On
Behalf Of mh
Sent: Thursday, June 17, 2010 7:03 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: Juni-->Re: [kisunda] Foto-Foto Sunda "Jadul"

 



tutp hulu urang turki asanarada beda jeung kopeah, lebah hareupna rada
nyegog saeutik jiga dudukuy laken. jeung eta deui tutup huluna teh dicitak
geuning.

2010/6/17 Waluya <waluya2...@yahoo.co.id>

> "mj" <ja...@...> wrote:
> Haha, sajarah kopeah (peci atawa songkok) ti jaman bung karno keneh.
> Cenah eta kopeah minangka wawakil lokal dina pakaian nasional
> indonesia merdeka nu hayang modern maju tea. Jadi sabenerna ti awal
> teu murni barat atawa lokal, tapi hibrid. Kawinan barat-lokal.

Kopeah oge teu murni Indonesia, tutup hulu model kitu, nurutan urang Turki.
Nu asli pribumi mah totopong, bendo, dudukuy (caping) ....hehehehe

Baktos,
WALUYA





------------------------------------


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links











Kirim email ke