Gumantung cara "memandangna" sareng bade dinaonkeun? Naha ngan sakadar 
panineungan nyawang alam katukang, atawa aya kareteg hate, kumaha caranya 
mulasarana di jaman ayeuna sangkan alam lestari. Sabab upama urang cicing wae 
teu aya aksi naon-naon, hartosna urang ngalawan hukum alam. Ari sunatullah di 
dunya ieu pan "perubahan". Getih jadi janin, janin jadi orok, orok jadi budak, 
budak jadi rumaja, jadi kolot, hos paeh. Kajaba upama urang tos disurga, pan 
cenah  anu 
jadi pasangan jalmi soleh/solehah di surga mah teu kolot-kolot.

Kamari kuring oge nembe nampi beja, ceuk cenah aya dosen  Fakultas Ilmu 
Komputer UI anu ngadamel database motif-motif batik sa Indonesia, sarta tos 
dipatenkeun. Sing saha wae anu hoyong terang motif-motif batik Indonesia 
heubeul tiasa nyungkeun bantuan dosen eta, kalayan gratis. Ceuk ki dosen teh 
cenah ide ngadatabasekeun batik teh kapangaruhan ku ayana klaim batik ku nagri 
jiran malaysia.

Tah, upama ayeuna teu acan aya database arsitektur sunda manfaat sareng 
filsofina, sigana tos cunduk kana waktuna, upama  disertasina mang Jamal 
didatabasekeun ngangge teknologi informasi (TI), Insya Allah para wadya balad 
KUSNET pasti aya nu mantuan. Danana timana? Ajeukeun wae ka Pemda Jabar, 
tibatan APBDna dialokasikeun pikeun waragad film PERANG BUBAT, atawa pikeun 
wgumantung kawijakan "anu ngangge bendo".

mrachmatrawyani





________________________________
From: Simkuring <alkarta_...@yahoo.co.id>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Fri, June 18, 2010 1:36:34 PM
Subject: RE: [Urang Sunda] Foto-Foto Sunda "Jadul"...kudu aya sintesa 
pamikiran/ide.

  
 
 
 
Sae kacida pamikiran sapertos kieu teh, mung ieumah mun ngoreleng
deui kana bahasan munggaran nyaeta perkara foto jadul tea. Punten ari
sakuringeun mah nyaeta geuning asa karasa mangfaatna, duka mangfaat nu kumaha da
ceuk sakuringeun deui wae, ngenteung ka tukang teh rada lumayan nga
representasikeun kumaha nyingkahna paripolah ti jaman ka jaman, ti karuhun tug
dugika kiwari, sanajan si kuring teu aya cupat2 acan kana widang sajarah
saperti MJ, tapi geuning aya keneh nu nyangkaruk karesep jeung kaheman dina
nyukcruk kabaheulaan.
 
Apan mun dicontokeun dina widang seni kakawihan mah sanajan mereun
entep sereuhna asa teu merenah hehe, asa teu aya salahna dina jaman kiwari
kuring kekeuh mikaresep kawih taun 50-60 an sanajan rea nu ngajejeleh, yeuh
lagu mah peterporn…eh peterpan nu pang anyarna lain hayoh wae ngagugulung
titiek puspa, Tetty
Kadi,rahmat
kartolo jrrd. Ah sanajan teu kaumuran ku si kuring taun 50-60-70 an lain
hartina kuring ulah ngenteung pan, tah palebah dieu mah gumantung naha deuk
keleweng leos (deuk nyebut porocot leos teu wani hehehe…) alias ngan ukur
pangaresep atawa sacara eksplisit diguar siga neng Nancy ti unpad tea, naha
atuh kolaborasi Titiek Puspa antukna jadi remix, atawa ku calung sugan hehehe… 
(jadi
ngacaprux kieu nya rarasaan teh)
 
Jadi nya antukna mah kitu tea si kuring nganuhunkeun pisan ka bah
Willy dina postingan2 foto jadul, sakali deui ieu mah keur sakuringeun hehehe… 
 
Baktos,
 
Ti si kuring nu cita2 hayang boga mobil jaguar tapi di musikan ku
Cianjuran.
(Sugan teu disebut sombong da pimanaeun boga duit keur meuli mobil
hehehe..)


      

Kirim email ke