Kang Waluya teh tiasa janten pengarang horor...he..he..he.. Ulah nyingsieunan, ngan leres eta bumi teh aya tangkal cemara didepan dan dibelakang rumah, komo dibelakang rumah mah eta cemara mani jangkung jeung gede pisan.
Ari pun rama mah sanes mantan bupati, ngan aya hubunganna sareng Nugraha Besus SEKUM PSSI, Nugraha Besus teh paman abi. Ngan anu terjun ka politik teh pun raka, janten anggota dewan di Kuningan. Ngan abi mah jarang patepung sareng Nugraha, upami pun rama sareng raka abi sering patepung, sering diskusi kadang-kadang debat sareng pun raka. Dukanya kang Waluya, abi mah teu gaduh bakat kana politik teh. Ngiring berduka cita atas wafatnya Mang Uyat. Kang Waluya, ari Mang Uyat teh saha ? punteun abi mah teu terang Mang Uyat, panginteun abi mah jarang dilembur, tiaalit oge tos ngalalana. Baktos, Nn --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ----- Original Message ----- > From: "Nenen" <[EMAIL PROTECTED]> > > > > Kumaha kang Waluya daramang ? > > > Alhamdulillah pangesto Teh Nenen, kumaha sawalerna? kantos mulih henteu ka > lembur?. Di lembur mah geura langkung seueur bangsa dedemit teh, komo > "dedemit" nu dikantor-kantor mah, parantos ngalangkungan "kuota" > ....hehehehe. Duh hawatos teuing atuh di bumi aya nu "ngageugeuh"na mah. > Tapi keun we asal ulah ngaganggu. Ari kuring mah ngabayangkeun bumi nu > dianggo Teh Nenen teh, jiga bumi nu aya jurigan dina film, bumina, bumi > heubeul, dikurilingan ku tangkal camara, aya halimun jeung salju turun. Teh > Nenen nuju siduru hareupeun hawu, Hawar-hawar aya sora ajag babaung ti > kajauhan, panto jeung jandela ticareket katebak angin. Terus jandela muka > lalaunan ........................ah tong diteraskeun, kuringna oge jadi > ngiringan keueung ......hehehehe. > > Teh, upami teu lepat mah, Tuang Rama teh mantan Walikota Bogor atanapi > Bupati Bogor kitu? ........cik lah pangnaroskeu n ka Tuang Rama, kumaha tah > konsep megapolitan Jakarta teh. Eh tapi Teh Nenenna oge di CA nya, sanes di > INA, keun we ngobrolkeun eta mah engke deui ....ah............. > > Baktos, > WALUYA > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
