--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> pasangan ngarora cenah mah umumna arembung boga anak, tepi ka nu
boga anak
> teh disubsidi gede ku nagara ....
> 

Baraya,

Aya dongeng valentin saeutik. Kamari... ngajemput budak balik ti
sakola. Kuring boga dua... jalu kabeh. Anu hiji umur 10 taun, anu
kadua umur 8 taun.

Tah budak anu pangleutikna teh, dipikraesep ku budak awewe sakelas he
he he... enya jadi hayang seuri. Budak kuring barang disamepurkeun
teh... mawa coklat, kartu ucapan anu eusina puisi jeung gambar. Dina
eta gambar jeung kartu teh ditulisan... kuring resep ka anjeun he he
he. Budak euy... umur 8 taun!!!

Kuring jeung pamajikan mani genah seuri na ge...

Peuting na pamajikan kuring nelepon ka indung eta budak awewe. Majar
teh... ieu budak teh mani geus lila pisan boga rencana hayang
barangjieun jang valentin keur budak kuring. Nya dihucuhkeun we cenah
he he he. 

Asa genah oge ngabandunganana. Nu kieu kudu diprotes kitu? Ah keun
bae... alus nu aya. Kuring jeung pamajikan ngajurung budak nyieun
kartu jeung gambar... jang ngabales. Piraku nu mere kahadean teu
dibales lin?  Asana teh leuwih hade tinimbang silih jebengan...

baktos,

Rahman

Kirim email ke