Kang Rahman, abdi mah kamari ngarayakeun valentine di supermarket
Afganistan di Brampton, Ontario namina "Kabul Market"

Harita teh abdi & Wayne nembe rengse ngadamel passport anyar kanggo
Wayne, teras lewat mall, ternyata mall orang-orang asia, terutama
India, Timur Tengah.  Katingali "Kabul Market" panasaran, teras lebet
ka eta market, pertama masuk seueur tulisan Arab, ari Wayne mah kalah
kukurilingan neangan produk anu menarik, barijeung teu ngartieun
he..he..he..

Aya produk teh buatan Afganistan, abdi hoyong nyoba anu dibungkus
kukotak hejo, ari Wayne mah hoyong anu kotak bodas lantaran bau harum
ceunah, panginteun panasaran Wayne naros kakasirna, nyaeta istri
dikerudung, tapi kerudung normal katingali wajah, saur kasirna teh
raosan anu dibungkus kotak warna bodas, eh... teras Wayne dipasihan
free produk teh dua kotak warna merah, ceuk kasirna teh dalam rangka
hari valentine.

Ternyata aya oge orang Afganistan anu menghargai kasih sayang, malahan
ramah pisan kasirna teh, gampang seuri.  Wayne mah kalah mengharagai,
nyarios kaabdi geuningan aya warga Afganistan anu sehat akal, cinta
damai, ari dijawab kuabdi teu sadayana orang Afganistan seneng perang,
eta mah pedah gara-gara Taliban he..he..he..
Komo kasir anu sanesna mah nyaeta namina "Umma" istri tapi teu nganggo
jilbab, wah ramah pisan barijeung heurey...

Wayne ningalian Al'quran, seuer macem-macem sareng berwarna, aya
buku-buku cerita karya pengarang asli Afganistan. Abdi meser makanan
khas Afganistan, rasana teh rada aneh tapi raos. 
Aya cabe rawit & cabe hejo, atuh puguh bae abdi mah meser mani seueur
seneng kana lada.

Ngan anu matak lucu pas palebah lauk-lauk, abdi maca aya lauk tiasia
tenggara, kumaranehna teh disebut "Tenggara Fish" abdi mah kalah seuri
he..he..he..

Baktos,
Nn




Kirim email ke