From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Di NL, oge di nagara2 sejen anu moderen. EUWEUH sistem babu saperti di
> RI! Padahal mun dibanding2 mah sistem hirup di nagara2 maju leuwih
> RIWEUH tinimbang di RI. Komo mun salaki jeung oamajikan na full time
> gawe... budak uruseun pabalatak. Tapi... teu kadenge jelema ngaheruk
> kulanataran teu dibabuan?

Enya, kuring oge sering maca soal euweuh babu murah di nagara maju. Nu matak 
kuring ge tadina nyiapkeun ngadidik  barudak sina biasa mandiri, ku jalan 
teu boga babu, bisi we engke hiji waktu kahareup barudak ngalaman kudu 
ngumbara ka nagara batur. Tapi memang kulantaran biasa di lembur wae, 
meureun kulantaran tanaga PRT teh relatif murah (sanajan sabenerna mah teu 
murah pisan, saperti disebat ku Bah Surtiwa) , ayana PRT di imah teh, siga 
nu diperlukeun pisan. Padahal pagawean di imah, nya biasa-biasa wae, 
dipigawe ku sorangan oge bisa.

Kang, sabenerna aslina di umumna urang Sunda nu disebut babu teh euweuh, aya 
oge adi/dulur nu boga imah, mantuan digawe di imah lanceukna atawa dulur 
kapilanceukna. Nu matak PRT sok disarebut "Bibi".  Sebutan "Bibi" ieu 
ngandung harti yen nu babantu di imah teh sabenerna dianggap kulawarga. 
Kulantaran kulawarga, tangtu aya etikana, dununganana kudu tanggung jawab ka 
"bibi"na barudak ieu. Tapi ayeuna, niley ieu ngageser saluyu jeung budaya 
kaum "migran". PRT dianggap pagawe biasa,  sanajan aturan tetep masih 
"kukulawargaan". Akibatna PRT teh statusna jadi teu jelas, pagawe biasa 
lain, kulawarga oge lain. Tapi umumna PRT nu digawe di urang SUnda (oge di 
urang jawa nu rada ngaharib-harib)  jarang nu ngalaman dikakaya ku 
dununganana. Sababraha kasus PRT nu dikakaya di Indonesia, biasana 
dilakukeun ku dunungan ti  etnik sejen, nu anehna teh etnik-etnik ieu teu 
kacaritakeun boga sifat feodal!.

Naon sababna? geger budaya deui wae. Umumna etnik-etnik nu tadina teu 
feodal, ayeuna kapangaruhan pisan ku gaya feodalismeu Jawa (oge Sunda). 
Umumna maranehna nu ngumbara di Jawa ngarasa boga "status sosial luhur" siga 
"menak" Sunda jeung Jawa. Tapi maranehna teu neuleuman pisan feodalismeu 
model Jawa atawa sunda, teu pati ngarti etika feodalismeu jawa dina 
nyanghareupan PRT. Akibatna .......sering kasus PRT di kakaya di Indonesia, 
PRTna urang Sunda atawa urang Jawa, dunungan nu ngakayana ti etnik sejen.

Tah kulanataran kitu, memang alusna soal PRT teh kudu make aturan pamerantah 
(diregulasi), sabab ayeuna jamanna geus beda, masyarakat urang geus campur 
baur, sagala budaya etnik kacampur-campur. Ngan masalahna henteu sederhana, 
aya jutaan padumuk miskin di Jawa (PRT umumna ti Pulo Jawa)  nu butuh dahar 
jeung pagawean. Kadang-kadang maranehna digajih sabaraha wae oge daek. Nu 
jalan jadina teh lain hukum nagara, tapi hukum ekonomi pasar ........

Baktos,
WALUYA







Kirim email ke