--- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: >
> jeung pagawean. Kadang-kadang maranehna digajih sabaraha wae oge daek. Nu > jalan jadina teh lain hukum nagara, tapi hukum ekonomi pasar ........ > Kang, Tah... lebah dinya nagara kudu ancrub. Pek dijieun aturan nu bener jeung tegas. Naon hak jeung kawajiban PRT sina jelas. Jam gawe na diatur, gajihna sabaraha... jlte. Pan ayeuna mah teu jelas, dunungan sakadaekna lin. Status PRT meh sarua jeung... ah... teu werat nyebut na ge. Ketah... LOBA oge dunungan anu nganggap PRT siga dulur sorangan, dipikanyaah teu beda jeung dulur. Tapi nya kitu... loba oge anu bangkawarah. TAh... aturan teh diperlukeun supaya jelema anu make PRT ulah bangkawarah, sabab aya aturan hukum na lin? PRT di RI diperlukeun pisan keur dua beulah sisi. Ieu bisa nyerep pangaguran, utamana angakatn gawe nu teu boga skill. Tapi, mun ieu sektor diformalisasikeun... nya engke na bisa dianggap skill oge meureun? Ngangluh deui... mun tea mah geus aya jentul uu na. Di RI tea... he he he... baktos, Rahman
