--- In [email protected], "Oman Abdurahman" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Baraya,

Sakedik (heulaanan, sugan pareng engke diteruskeun) kahaturkeun 
ngeunaan kalender Sunda tea. Sakumaha laporan Ua Sas ti payun, malem 
Salasa, 18 Januari 2005 (Anggara, 1 Suklapaksa/paro caang, bulan 
Kartika/01, Taun 1941, Saka Sunda), diayakeun "pabaruan". Ari 
pabaruan teh taun baruan tea, pikeun "peluncuran" kalender Sunda 
sakaligus ngawanohkeun ka balarea yen Sunda ngabogaan sistem 
kalender anu leuwih akurat.

Kalender Sunda (Saka Sunda) teh asli ciptaan urang Sunda, nyatana  
Bah Ali tea (Ali Sastramidjaja). Satemenna, pedaran ngeunaan Saka 
Sunda ieu parantos sababaraha kali dipintonkeun dina panglawungan 
resmi (upama KIBS 2000), oge aya website-na (ti payun Kang Hasan 
asana kungsi posting, cobi atuh Kang dipostingkeun deui). Namung 
nyakitu, nyitak kalender Saka Sunda ieu nembe hasil kamari-kamari 
ieu ku alpukahna pantia anu dipupuhuan ku Kang Oca (Roza Mintareja), 
kitu oge kalawan hese beleke neangan dana, ukur bisa nyitak (edisi 
kahiji danget ieu) 10.000 exemplar. Nya pabaruan kamari-kamari ieu 
minangkana upacara "peluncuran" eta pedalan Saka Sunda.

Salah sahiji kaunggulan kala ider (kalender) Sunda atawa Saka Sunda 
tea nyaeta presisina atawa kaakuratanana. Upama kalender sistem 
Masehi kudu dijangkepkeun tipa 4 taun (kajadian taun kabisat) jeung 
sistem Hijriah teu ajeg jumlah poena tiap bulan dina sataun (malah 
kalan-kalan paciweuh pisan dina nangtukeun poe, poean lebaran, 
upamana), Saka Sunda mah teu kitu. Dina Saka Sunda, boh anu dumasar 
ngiderna panonpoe (Suryakala) atawa kalaider sistem bulan 
(Candrakala), kaperluan pikeun ngajangkeupkeun poe teh rebuan taun. 
Upamana, dina sistem Candrakala, koreksi keur kalender teh unggal 
2400 taun sakali. Hartina, kasalahan anu aya dina sistem kalender 
karek ciples sapoe dina jero 2400 taun. Apan lain kacida akuratna?

Teundeun heula keur guareun ka hareup sabab bisi panjang teuing 
ngeunaan kumaha carana jeung kaistimewaanana ieu kalender Sunda. 
Ayeuna mah mugi kawidian si kuring bade "promosi" (wios da ieu mah 
keur nayalabarkeun salah sahiji punclut kaunggulan budaya Sunda). 
Mangga, ka anu peryogi kalender Sunda, di si kuring aya keneh danget 
ieu 10 exemplar deui (atuh kirang keneh engke bade pesen deui, 
enggalkeun bae da "persediaan terbatas", bayangkeun ukur nyitak 
10.000 exemplar tea). Pangaos (keur pangganti) : Rp 30.000,-  per 
exemplar (tos kalebet nyumbang Rp 5.000 keur ka kroban tsunami). 
Mangga, bade dilangkungan teu langkung, pas bae sakitu rido pisan. 
Ngan, ongkos kirim sigana kudu ditanggung ku anu mesen (Insya Alloh 
poesenan ti luar negeri oge bade dilayanan, bingah pisan).

Keur gambaram ieu edisi ngawitan Saka Sunda: dicitak lux, 12 lambar, 
kertasna boh gambar jeung warnana, ageung (ukuran A2 tea). Gambar-
gambarna tina budaya Sunda. Geura ieu gambar ti mimiti lambara 
kahiji-ka-12:
Situs Gunung Padang, Cianjur; Prasasti Kawali (matriks Prabu 
Wastukancana), Prasasti Cibadak, Kolenjer, Aksara Sunda, Taleot 
Baduy, Leuit Baduy, Greater Sunda Island (peta/kar kuno), Soenda zee 
(peta/kar kuno), Leuweung Sancang, Makuta Binokasih (Sumedang), Batu 
Pangeunteungan (Astana Gede, Kawali). Sadayana dicitak lux, full 
colour, sareng ditambihan pedaran singkat pikeun masing-masing eta 
foto titinggal budaya Sunda di luhur.

Baktosna,
manAR
--- End forwarded message ---






PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke