-Sampurasuuun..,
Haturan Baraya kisunda ...., Kang.., wacana ngeunaan ieu ngawitan ditampi ku mangle teh din ping 21-07-2004 dina jam 23;22:... tah ti ngawitan harita seueur pisan anu baraya sunda anu mairan aya anu pro sareng kontra, mangga di tinggal di wacana: tanggapan, anu seseueurnamah silih gorengkeun,silih poyok, silih cerca, silih ejek mun kongangmah panginten hoyong silih tonjok umpama pahareup-hareupmah. nu katinggal ku pribados, ieu golongan teh kagungan sipat alim ngagangu da embung di ganggu, alim ngusik da embung di usik, moal nyarios di hareupeun umum sok bilih teu ngarti, da can puguh anu dicariosanana hayangeun ngarti. tah kuring kaleresan saatosna ngontak salah sahiji sesepuh eta golonngan, aranjeuna muka lawang, mangga bilih ka singsaha bae anu hoyong muka wawasan kanggo ieu ajaran dongkapan bae pupuhuna taroskeun sagala rupa kapanasaran, tah engke umpama tos kaharti teu kaharti prak buka dina ieu rohangan. da urangmah lain jalma tukang maksa pan, lamun batur alim nyarios di rohangan, dasarebu kali gogorowokan oge da moal aya nu ngajawab. Pupuhu anu kahiji namina: Bp. Rustama di jakarta alamt aya di mangle, kadua tiasa ngadongkapan Gedung Pasewakan di Ciparay, taroskeun pupuhu di ciparay-da tarerangeun. Mangga sakieu heula bae... ti sim kuring Baktos Asep Oeking-FL -- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Leres pisan, pribados oge sapagodos sanes bade ngocal-ngocal. Ieu mah estuning hoyong terang. Seueur anu nyebatkeun ayana agama Sunda, tapi ari wujudna kumaha? kumaha prak-prakanana? samar keneh wae, margi teu aya anu nerangkeun kalawan eces. Padahal cenah, mibanda kaarifan anu luhung. > Nuhun. > > >Assalaamu'alaikum, > > > >Kahatur baraya sadaya, > > > >Simkuring kuram-kirim naon bae, kaasup nu jadi bahasan di dieu lain > >maksud rek ngocal-ngocal, ngaganggu kayakinan atawa ageman batur. Taya > >lian, maksud teh pikeun muka wawasan bae, ngeunaan naon nu aya di > >sabudeureun urang. Nya tangtuna (kusabab ieu mah milis urang Sunda) > >kaasup naon (bae) nu jadi ageman urang Sunda, ti sumber mana bae nu > >bisa kasungsi. > > > >Sakitu bae anu kapihatur, mangga lajengkeun! > > > >sikandar > > > >---------- Forwarded message ---------- > >Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > >Rahayu Kang...., > > > >Haturan tepang sareng Sim Kuring Asep Oeking, wiwitan ti Ciwaruga, > >Bandung, ayeuna nuju Ngalanglan di nageri deungeun-FL,USA. > > > >Langkung ti payun sim kuring bade sanuk2,parantos tumorojog tanpa > >rarapan, teu kirang sareng teu langkung bade nyuhunkeun dihapunten > >bilih aya luhur bahe carek, dina mairan artikel dina ieu rohangan, > >teu aya sanes sim kuring teh hoyong mungkas obrolan perkawis ieu anu > >tos di padungdengkeun ku Kang kumincir, soalna masalah ieumah > >masalah kayakinan ulah rek di parebutkeun, da ujung-ujungnateh bakal > >lumpat kana kayakinan. > > > >Didunya aya mangratus-ratus kayakinan anu nerap dina kahirupanana, > >sumebar di tiap juru dunya ngan sababraha bae anu bisa dibedakeun, > >anu niat hade jeung niat teu hade, carana nyebarna bari maksa jeung > >teu maksa, kayakinan anu sok ngagogoreng kayakinan anu lian jeung > >anu tara ngagogoreng, tah... tos ayeunamah urang pungkas bae > >padungdengan ieu obrolan teh, satuju lah,... mangga bae urang silih > >cepeng kayakinan masing2 kukalakuan nyata anu hade dina kahirupan, > >ulah rek silih oleg kana kayakinan anu lian, da ari geus waktuna > >rungkad caringin di buruan mah ngan iwal tikalakuan anu hade anu > >bisa di andelkeun, iwal ti amal perbuatan, cag.. tutup lawang > >sigotaka. > > > >Hayu urang silaturahmi bae.... > >Baktos > > > >Asep-Oeking-FL > > > > > >PENTING..! > > > >attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. > > > >dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. > > > >terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. > > > >Yahoo! Groups Links > > > > > > > > > > > > > > > > > Ganjar Kurnia PENTING..! attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member. dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership. terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya. Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
