> Haturan Kang Maman,
>
> Ngadamel KTP, carana dongkap ka kotamadya, dipoto, jap jempol sareng
> jar-jari, eusian data jinisna,
> mayar lima dollar, teras uih tinggal ngatosan eta KTP di bumi
> diantawis tilu ka genep dinten janten.
> Teu aya birokrasi anu berbelit-belit dongkap ka RT, RW, ka LURAHAN, ka
> KACAMATAN, KABUPATEN
> tah ieu model birokrasi awis pisan jeung lami pisan donkapna ka bumi
> keur nagara katilu mah.
>
> Runtah emah masalah dinagara dunia katilu jiga US, hese ngaberik jiga
> di USA / EROPA, konaon
> sabana US teu ngagaduhan teknologi canggih ngadaur ulang. Nyaeta
> mesin-mesin tea anu dirancang
> ku para insinyur. Ieu kedah gaduh modal seur pisan contona daur ualang
> smapah tina plasik jadi barang seni atanapi
> janten jangkir. Mesinna hargana kirang langkung 500 000 dollar,
> kumangtung kapasitas runtah plastik anu bade diolah
> janten barang berharga ( Ieu conto kamari simkuring lalajo "mesin daur
> ulang" keur runtah plastik).
> Wah upami metakeun runtah sagala rupamah ieu seueur pisan modalna,
> 1. kedah aya mobil / truk pangangkut sampah anu tos tiasa
> ngabagi-bagi mana palstik, koran, besi-besian, runtah dapur jeung
> sajabana.
> 2. Panampungan runtah sakaligus pabrik daur ulang anu tiasa nampung
> RUNTAH sa kota Bandung.
> 3. Gudang hasil daur ulang eta bisa jadi bahan bangunan, pupuk barang
> seni jeung sajabina nu erek dijual
> diditribusikeun ka toko-toko.
> 4. Tangtos kedah aya manajemen anu profesional kitu baraya
> 5. Dana ti masyarakat nu mayar bulanan, nu meuli produk, ti pamarentah.
> 6. Gajih-gajih pagawe plus tunjangan hari tua / pansiun
> 7. HASILNA KOTA BANDUNG MAOL BAU HASEUM
>
> State USA sami sareng propinsi (jabar /jateng/jatim) hukumna
> beten-benten,
> conto rek ngieum imah di Florida anu gubernurna Kang Asep (punten
> heurey) hukumna teu sami sareng
> nu di NY, Kitu oge hukum code bangunan "building Code' Florida teu
> sami jeung di NYC.
> State ngagaduhan hukum nyalira-nyalira dina sagala cara hukum, jadi
> sifatna "otonomi".
> Alusna cara otonomi daerah bisa leuwih maju disagala rupa keur
> rahayatna anu nyangkut :
> taneuh jeung harta karunna milik daerah lain milik pusat contoh dijero
> taneuh aya barang tambang
> emas, beusi, nikel, minyak, gas, pertanian / kehutanan sareng kelautan
> (aya lauk-lauk emas, beusi, nikel, minyak, gas)
> Sagala harta di eta daerah milik rahayat, teu meunang di hak ku
> pribadi /golongan / family sistem oge teumeunang
> hasilna dikeruk ka pusat.
>
> Budaya / tradisi mangrupa ciri-ciri eta daerah ulah leungit kedah
> diteraskeun ku generasi anu ngarora.
>
> Sa kitu heula Kang Maman mangga nyanggakeun ka Abah Joe, Abah Adjat,
> Kang Asep, Teh Nenny
> tambihan wae US nuju haus informasi.
>
> Baktos
> Yan NYC
>
>
>
> On Monday, April 11, 2005, at 03:21 AM, Kang Maman wrote:
>
>>
>> Kang Yan Sastranegara...Haturan..
>> Kumaha daramang ?
>>
>> Saleresna sim kuring gaduh patarosan kieu:(kitu oge ka
>>
>> Ka Abah Joe Ragan di USA)
>>
>> Kumaha modelna sistem penyelenggaraan negara model di
>> USA ? Kumaha pembagian wilayah/daerahna ?
>> Aya teu nu namina Kabupaten, kota,
>> kecamatan,kelurahan, RW sareng RT ?
>> Kumaha carana ngadamel KTP ?
>> Teras naon bedana "state" sareng "country" ?
>> Mangga nyanggakeun; sim kuring naroskeun teh pedah wae
>> gaduh "hipotesa" ningali "pabaliutna" negara urang teh
>> kulantaran konsep birokrasi(pemerintah pusat
>> /sentralisasi) bentrok/pakepuk sareng otonomi(
>> kewenangan daerah/desentralisasi)
>>
>> Contoh nu karasa jeung kaangseu haseum pisan bauna
>> dugi tug ka kiwari numpuk kamana-mana jeung
>> dimana-mana di unggal juru kota bandung;SAMPAH.
>>
>> (...nembe pasualan sampah... KOMO ....)
>>
>> Kacipta... peserta mieling konprensi AA; panginten
>> kedah nganggo mobil AC teras upami bade kukurilingan
>> di bandung; ditambihan nganggo masker baham!
>>
>> :)
>>
>>
>> Wassalam
>> MZ
>>
>> Sal--- sastranegara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>>> Haturan Kang Waluya, Kang Maman baraya saha
>>> wae......US
>>>
>>> Pamarentah teh kedah niron nagara Cina dina nangani
>>> masalah korupsi
>>> dina sagala
>>> hal-hal nu nyangkut korupsi. Ayeuna nagara Cina
>>> bakal maju malihanmah
>>> USA oge bakal saingan maranehna,
>>> jeung deui bakal ngaberik nagara-nagara industri di
>>> dunia nyaeta
>>> Jepang, Ingris, Jerman ...
>>> Kunaon sababna tos teu aya nu namina KORUPSI,
>>> maranehna pamarentah
>>> jeung rahayatna sararieuneun
>>> ngalakukeunana nu disebat teu JUJUR alias korupsi.
>>>
>>> Cina anu katelah nagara paling korup di dunia
>>> saparantos Indonesia,
>>> naha ayeuna kabalik jadi nagara nu bade
>>> paling moderen jeung rahayatna income pertahunna
>>> unggal jalma ceunah
>>> mah rata-rata atos sabelas ribu dollar USA.
>>> Ieu hiji kamajuan eta nagara anu miskin jadi
>>> beunghar keur rahayatna,
>>> koncina para investor asing ngiring bisnis da
>>> ngarasa aman
>>> keur nanemkeun modalna, jeung deui pendidikan bangsa
>>> Cina rata-rata tos
>>> lulusan universitas, janten didamelna eta para
>>> pagawe
>>> swasta / pamarentah tos nyarakola.
>>>
>>> Nu jadi masalah para gegedug pamarentah anu boga
>>> SIFAT JUJUR jeung SUCI
>>> daek ngabasmi koruptor ti luhur nepi ka
>>> nu leutik. Koncina kudu aya golongan pimpinan anu
>>> berjiwa patriotis
>>> keur nulungan rahayatna, kudu aya pimpinan
>>> wani paeh ngalawan koruptor keur ngabela rahayatna.
>>>
>>> Barudak Cina anu ngarora umur 18- 25 90 % tos
>>> ngaduhan mobil nyalira,
>>> bumi sareng gaduh usaha / padamelan,
>>> janten teu aya pangangguran. Anu korupsi dina maling
>>> / maok dijenis
>>> pagawean naon wae dihukum beurat pisan,
>>> jeung teu ngabeda-bedakeun kelas sosial "tewak
>>> bui". Meureun eta anu
>>> dibui di Cina puluhan jutaan, tah ieu ku
>>> pamarentah seuna digawe di industri keur produk
>>> nagara nu bisa di
>>> export ka nagara asing, maranehna anu di
>>> penjara digawe teu dibayar sesuai jeung hasil anu
>>> dikorupsina. Ieu
>>> conto sami jeung sistem pamarentah di Russia,
>>> di USA di penjarakeun digawe daerah perusahaan
>>> industri negara heunteu
>>> di bayar / teu digajih, tapi tuang. eueut,
>>> kesehatan, ruang tidur
>>> gratis.
>>>
>>> Ngadangu president Indonesia ayeuna ceunahmah keur
>>> ngabasmi koruptor
>>> anu leuwih luhur jabatanana,
>>> tah ieu atos aya kamajeungan nagara urang atos aya
>>> pimpinan anu JUJUR
>>> sareng SUCI NGABELA RAHAYAT.
>>> Lamun koruptor nu dilaluhur tos beak kantos nu
>>> dihandap oge kedah
>>> ngiringan seep.
>>> Hasilna nagara makmur deui, nu bade nanem modal ti
>>> bangsa bangsa asing
>>> moal sieuneun usaha di Indonesia,
>>> sok ku kuring dibawa para investor USA upami nagara
>>> tos aman 100% teu
>>> aya korupsi , nu penting mah buktos
>>> bersih sa Indonesia. Kumaha bisa mawa para investor
>>> asing ka lembur
>>> kuring masih seueur garong, atuh sararieuneun.
>>>
>>> Salam
>>> Yan NYC
>>> On Sunday, April 10, 2005, at 11:19 PM, Paku
>>> SARAKAN wrote:
>>>
>>>>
>>>> satuju,, kang...
>>>> bener pisan... tah... da' indonesia mah sok teu
>>> paruguh
>>>> atuh... alias angkong-angkongan mun na rek balap
>>> mah..
>>>> asa daek asa hanteu...
>>>>
>>>> sok tewakan we kang ery.. lah sok sanajan urang
>>> sunda nu
>>>> koropsi mah keureuwed we
>>>>
>>>> didukung plus do'a ti kuring
>>>>
>>>> mun bisa mah hayang miluan lah ciga kang ery
>>> newakan
>>>> koruptor
>>>> kuring mah hayang newak pejabat di garut
>>>>
>>>>
>>>> --- Kang Maman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>>> moal kitu KPU teh singkatan ti Korupsi Pokoknya
>>> Untung
>>>>> deh ( mon teu kanyahoan mah !).
>>>>> Padahal Pilkada kedah dipantau ku KPU.
>>>>> (Pipaciweuheuheun...).
>>>>> Kumaha teu paciweuh... ari "sistem" masih warisan
>>>>> walanda anu sentralisasi, ari pamilihan make
>>> sistem
>>>>> "demokrasi"(desentralisasi/otonomi tanggung).
>>>>>
>>>>> Padahalmah nggeus wae dijieun "United States of
>>>>> Indonesia" (USI)...
>>>>> pan jelas jeung puguh : Negara Bagian Sunda
>>> misalna.
>>>>> Tibatan, siga ayeuna teu pararuguh mana nu lebet
>>>>> "wilayah" mana nu lebet "daerah".
>>>>> Jeung moal hese jeung panjang mere gelar ka
>>> pemimpinna
>>>>> siga baheula: Misalna "Gubernur Kepala Daerah
>>> Provinsi
>>>>> .....", ongkoh gubernur, tapi Kepala Daerah.
>>>>>
>>>>> Kapungkur aya gubernur, residen, bupati/walikota,
>>>>> wedana,Lurah/desa; hayoh rame-rame MILKADA...
>>>>>
>>>>> Sapuk teu para wargi ki sunda / urang sunda ?
>>>>>
>>>>> :)
>>>>> MZ
>>>>>
>>>>> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>>>>> Mulyana W. Kusumah kabejakeun ditewak kulantaran
>>>>>> nyogok pagawe
>>>>>> BPK nu keur mariksa duit di KPU. Kaget oge,
>>> ngadangu
>>>>>> wartos ieu,
>>>>>> kulantaran Mulyana W. Kusumah teh apan aktivis
>>> nu
>>>>>> kaasup vokal di
>>>>>> Indonesia mah. Naha anjeunna bisa ngalakukeun
>>>>>> pagawean anu sakitu
>>>>>> ngerakeunana? euh .....keur mah jarang aya urang
>>>>>> sunda jadi
>>>>>> aktivis, ari pek dina ayana oge, der deuih
>>> ditewak.
>>>>>> Untung di KPK
>>>>>> aya kang Erry H, jadi teu pati era teuing
>>> ......ah.
>>>>>>
>>>>>> Lain, moal boa kang Mulyana teh sok
>>> "papahlawanan"
>>>>>> kitu, soalna
>>>>>> di KPU teh ti baheula ge diributkeun aya nu teu
>>>>>> beres, der ...
>>>>>> weh anjeunna wawantunan jadi "pahlawan" keur
>>>>>> nulungan nu sejen?
>>>>>>
>>>>>> Baktos,
>>>>>> WALUYA
>>
>>
>>
>>
>>
>> __________________________________
>> Do you Yahoo!?
>> Yahoo! Small Business - Try our new resources site!
>> http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
>>
>>
>> PENTING..!
>>
>> attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
>>
>> dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi
>> berupa pencabutan membership.
>>
>> terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk
>> selalu mengupdate antivirusnya.
>>
>> Yahoo! Groups Links
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
>>
> Please visit
> http://www.silatbooks.com/
> http://www.silatpdusa.com/
> Please write
> [EMAIL PROTECTED]
> [EMAIL PROTECTED]
>
>
>
>
Please visit
http://www.silatbooks.com/
http://www.silatpdusa.com/
Please write
[EMAIL PROTECTED]
[EMAIL PROTECTED]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/