Pikeun sistem pendidikan anu nyoko kana patilasan oge patempatanana dina
budaya Sunda kapungkur kantos diguar dina koran (PR) - sok sanajan ringkes -
cukup kumplit ku sababaraha pakar kasundaan, diantawisna Kang Eddy S.
Ekajati (atanapi Kang Ajat ? punten hilap deui) sareng Kang Hidayat
Suryalaga (abah Surya). Upamina wae, anu ti abah Surya, nyoko kana
sababaraha periode ti mimiti raja Purnawarman, Prabu Darmasiksa, jaman
Wastukancana nepi ka Sri Baduga memeh jadi raja, jaman Islam nepi ka alam
ayeuna. Dina budaya Sunda, memang, istilah tempat anu disebut "karamat" -
kayaning "Mandala" - ieu pagulung jeung paistilahan metode atikan.

Diantarana, harita, abah Surya nyebatkeun model atawa sistem atikan anu aya
dina sajarah Sunda, nyaeta: Mandala (jaman Purnawarman), Kabuyutan (Jaman
Prabu Darmasiksa nepi ka jaman Wastukancana), Binayapanti (jaman Sri
Baduga), pasantren (jaman Islam-sawareh nepi ka ayeuna), nepi ka ayeuna
sakola umum (jaman kamerdekaan nepi ka ayeuna). Anu matak narik pikeun
panalungtikan, diantarana nyaeta yen dina jaman karajaan-karajaan nepi ka
jaman Islam (dina sababaraha hal), sistem atawa model atikan teh
dipakaitkeun jeung sistem atawa model nyalindungan patempatan (ceuk
istilah dina email Kang Waluya anu dipairan ieu mah: "karamat" tea). Atawa,
upamana ditarik kana konsep umumna: antara metode jeung tempat teh dalit
pisan jadi hiji konsep (anu singgetna wae: metrodena tinangtu, tempat
diajarna oge khusus atawa tinangtu oge, henteu sagawayah).

Nyalindungan (melindungi) atawa nganggap yen patempatan keur diajar teh eta
hiji tempat anu kudu disucikeun (disakralkeun) jeung kudu dijaga ulah nepi
ka karebut ku seler sejen. Upamana wae, istilah "kabuyutan", sakumaha dina
Naskah Ciburuy (Amanah Galunggung). Dina eta naskah apan sakitu
wanti-wantina Prabu Darmaksiksa sangkan Kabuyutan (Galunggung) ulah nepi ka
karebut ku seler sejen; jeung sing saha anak bangsa (katurunan anjeunna,
jembarna Urang Sunda) anu teu bisa ngajaga kabuyutan, ceuk dina eta naskah,
eta leuwih hina tinimbang kulit lasun (careuh, musang) anu aya di jarian
(tempat runtah). Aya naon dina Kabuyutan kuat ka sakitu diamanahkeun pikeun
ngajagana.

Hiji tafsiran, sakumaha mindeng diguar di milist ieu, nerangkeun yen
kabuyutan teh upama dihartikeun ku istilah jaman ayeuna taya lian ti sumber
kahirupan (sumber daya) umumna masyarakat, kayaning leuweung (pepelakan,
kaasup pangan), walungan, atawa cai, taneuh, jsb. Atuh cenah eta istilah
"kabuyutan" teh kaasup oge metode jeung tempat diajar, nya munasabah wae
sabab atikan oge ngarupakeun sumber kahirupan sarerea (malah nya ieu pisan
anu produkna - elmu tea - sakumaha ceuk kalangan filosof ngarupakeun hal anu
langgeng). Upamana wae, produk sejenna tina sistem atikan nyaeta regenerasi
kapamimpinan ngarupakeun sumber daya kahirupan anu perlu diperhatikeun ku
sakumna masyarakat.

Anu jadi patarosan sim kuring: aya naon atawa naon rusiahna disatukangeun
eta konsep-konsep "mandala", "kabuyutan", "binayapanti" nepi ka perlu
dipagalokeun jeung visi nyalindungan patempatanana? Naha eta rusiah teh
masih bisa dilarapkeun keur nguatan konsep atikan jaman ayeuna (sakola umum
jeung pasantren)? Mangga diantos ka sadayana anu bade aub dina ieu jejer.

baktosna,
manAR















On Feb 13, 2008 9:46 AM, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Hatur nuhun ka Ambu sareng Kang Engkus Ruswana anu parantos ngabejer
> beaskeun kecap "Mandalaherang". Ti keur budak keneh, kuring sok
> heran ku aran desa kuring, sabab beda jeung aran desa tatangga
> sabudeureunana nu sadayana nganggo aran "ci" (cimalaka, ciuayah, ci
> beureum). Ka aneh kuring, mucunghul deui, waktu nonton acara
> MetroTV, nu ngawancara saurang ahli (sigana mah saprofesi sareng
> Ambu, Professor, istri) cenah konsep pendidikan pasantren di Jawa
> teh sabenerna ngadopsi "Mandala" di jaman samemehna. Lamun teu lepat
> ceuk sang Prof, Mandala teh tempat ngadidik agama/spritual. Jadi
> rada caket sapertos nu disebat ku Kang Engkus.
>
> Tapi sanajan desa kuring make kecap Mandala, teu aya kabejakeun di
> jaman baheula tempat spritual, atawa paling henteu patilasanana.
> Ngan aya hiji tempat di tengah sawah nu loba batuna, ku urang lembur
> teh sok disarebut "KARAMAT". Tempat ieu teu disawahan. Teu jelas
> oge, kunaon tempat eta disebut Karamat, da sainget kuring, tara aya
> kagiatan spritual di tempat eta sanajan ukur urutna (meureun, kuring
> sanes akhlina dina nalungtik patilasan jaman kapungkur). Jeung aneh,
> naha disebut "karamat", padahal biasana di desa-desa di Sunda,
> tempat nu dikaramatkeun teh pan disebutna Kabuyutan .... tara
> disebut karamat.
>
> Ke ah lamun "mudik" ka lembur, rek tataros, boa-boa enya desa asal
> kuring teh baheulana tempat spritual atawa "karang banjar
> pamidangan" sapertos disebat Ambu.
>
> NB.
> Kang Engkus, geuning saangkatan jeung kuring, waktu sakola kapungkur
> (1975). Terang teh tina direktori alumni 1975 ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> > engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ngiring mairan sun,
> >
> > Mandala sami sapangartian sareng simkuring, mung
> > palebah Jagat ageung nu kahatos ku simkuring nyaeta
> > dunya gede ieu, sedengkeun jagat alit sakaterang
> > kuring ngandung hartos diri ieu nu satangtung. Tah
> > kumargi kitu,
> > maandalaherang = diri nu cahayaan (gaduh
> > wibawa/komara), atanapi = diri nu bersih
> > (ucap-tekad-lampah nu kasucian), sami sareng
> > mandalawangi = diri nu seungit (harum namanya ku
> > ucap-tekad-lampah). Upami kitu tangtos daerah
> > Mandalaherang teh kapungkurna tilas tempat raja
> > atanapi tempat pasucian (pandita), namun duka eta ge
> > bawiraos simkuring nun.
>
> 
>


[Non-text portions of this message have been removed]



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke