> richadiana kartakusuma <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jrut turun, na atuh hujan sakiti rosana kuat ka cileuncang, teu 
> sakara-kara eureun...jol  ditampi ku kolot SAMIN...aki2 kasep 
> deuih..peupeuteuyan  sim kuring dicekel..bari mencrong ajeuna 
> pok "Kami percaya ka Ibu Urang dieu" Cag!

Lah, Ambu kuring tepi ka muringkak bulu punduk kieu. Resep si Ambu 
mah milarian luluhur bari didamel dina widang nu teu tebih nalungtik 
patilasan. Ari kuring mah asli ti Sumedang, malah pun Bapa sareng 
pun biang sadesa. Tapi maklum urang lembur, apal karuhun teh ukur 
tepi ka uyut, kadituna mah nya duka teuing .....

Kungsi boga babaturan, turunan menak Sumedang ngan kalahiran jeung 
gede di Bandung. Nyaho kuring urang Sumedang, manehna ngomong:" 
Kang, Tini mah lamun kawin, bisa make siger binokasih, da masih aya 
turunan"

"Uluh, Tini ...eh Juag ...meureun lamun jaman baheula mah sayah kudu 
ngampihan tapak suku Tini, disimpen di goah", ceuk kuring teh.

"Naha?"

"Ceuk dongeng Aki sayah, waktu anjeunna keur budak, aya menak 
ngalangkung ka lembur tumpak kuda, Uyut teh langsung campego 
ngahormat jeung ngadegdeg, tapak kudana dicandak ka goah, terus 
dikukusan"

Si Tini ukur ngaheheh kuring nyarita kitu teh ....

Baktos,
pun Waluya



PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke