Haturan kang Waluya,
Kutan teh urang saangkatan? Jurusan naon? simkuring
mah jurusan Planologi.
Pun,
Engkus.
--- waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Hatur nuhun ka Ambu sareng Kang Engkus Ruswana anu
> parantos ngabejer
> beaskeun kecap "Mandalaherang". Ti keur budak keneh,
> kuring sok
> heran ku aran desa kuring, sabab beda jeung aran
> desa tatangga
> sabudeureunana nu sadayana nganggo aran "ci"
> (cimalaka, ciuayah, ci
> beureum). Ka aneh kuring, mucunghul deui, waktu
> nonton acara
> MetroTV, nu ngawancara saurang ahli (sigana mah
> saprofesi sareng
> Ambu, Professor, istri) cenah konsep pendidikan
> pasantren di Jawa
> teh sabenerna ngadopsi "Mandala" di jaman samemehna.
> Lamun teu lepat
> ceuk sang Prof, Mandala teh tempat ngadidik
> agama/spritual. Jadi
> rada caket sapertos nu disebat ku Kang Engkus.
>
> Tapi sanajan desa kuring make kecap Mandala, teu aya
> kabejakeun di
> jaman baheula tempat spritual, atawa paling henteu
> patilasanana.
> Ngan aya hiji tempat di tengah sawah nu loba batuna,
> ku urang lembur
> teh sok disarebut "KARAMAT". Tempat ieu teu
> disawahan. Teu jelas
> oge, kunaon tempat eta disebut Karamat, da sainget
> kuring, tara aya
> kagiatan spritual di tempat eta sanajan ukur urutna
> (meureun, kuring
> sanes akhlina dina nalungtik patilasan jaman
> kapungkur). Jeung aneh,
> naha disebut "karamat", padahal biasana di desa-desa
> di Sunda,
> tempat nu dikaramatkeun teh pan disebutna Kabuyutan
> .... tara
> disebut karamat.
>
> Ke ah lamun "mudik" ka lembur, rek tataros, boa-boa
> enya desa asal
> kuring teh baheulana tempat spritual atawa "karang
> banjar
> pamidangan" sapertos disebat Ambu.
>
>
> NB.
> Kang Engkus, geuning saangkatan jeung kuring, waktu
> sakola kapungkur
> (1975). Terang teh tina direktori alumni 1975 ....
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> > engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Ngiring mairan sun,
> >
> > Mandala sami sapangartian sareng simkuring, mung
> > palebah Jagat ageung nu kahatos ku simkuring
> nyaeta
> > dunya gede ieu, sedengkeun jagat alit sakaterang
> > kuring ngandung hartos diri ieu nu satangtung. Tah
> > kumargi kitu,
> > maandalaherang = diri nu cahayaan (gaduh
> > wibawa/komara), atanapi = diri nu bersih
> > (ucap-tekad-lampah nu kasucian), sami sareng
> > mandalawangi = diri nu seungit (harum namanya ku
> > ucap-tekad-lampah). Upami kitu tangtos daerah
> > Mandalaherang teh kapungkurna tilas tempat raja
> > atanapi tempat pasucian (pandita), namun duka eta
> ge
> > bawiraos simkuring nun.
>
>
>
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?
Find them fast with Yahoo! Search.
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa
pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu
mengupdate antivirusnya.
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[EMAIL PROTECTED]
mailto:[EMAIL PROTECTED]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/