Haturan ambu,

Dupi catetan sajarah atanapi nu pakait sareng Panjalu,
ambu gaduh kitu. Simkuring teh aya kapanasaran nuju
milarian kumaha nu saleresna, margi legenda nu
dipalercaya ku umumna urang Panjalu, yen cenah
Sanghiyang Borosngora (Putra Sanghiyang Cakradewa)nu
tos teu aya nu nandingan elmuna, dugi apruk-aprukan
ngumbara neangan lawan nu antukna dugi ka tanah Arab
nu salajengna cenah ngadu elmu sareng Bagenda Ali.
Harita cenah elmu warisan karuhun Sunda eleh, nu
ahirna Borosngora lebet Islam. Salajengna waktos
mulang ka Panjalu, anjeunna dipaparin cis (pedang)
kanggo kenang-kenangan sareng cai dina "gayung" bocor
nu saatos caina diguyurkeun janten Situ Lengkong
ayeuna. Ti harita cenah anjeunna nu mitembeyan
nyebarkeun Islam di tatar Nusantara. Kapanasaran
simkuring, diantawisna :
1. Naha sajaman kitu antawis Bagenda Ali sareng
Sanghiyang Borosngora?
2. Sajarah pan nyatet lebetna Islam ka Nusantara teh
dikawitan ku Panglima Cheng-Ho nu badarat di Semarang,
kira-kira abad ka-15.
3.Ku akal sehat sakumaha saktina teu mungkin cai
sagayung janten sasitu, da nu jelas mah eta situ teh
estuning situ alamiah, nu ayeuna beuki heureut sabab
daerah DASna tos garundul, sareng seueur nu tos janten
pasawahan/kebon.
4. Asa tibalik ieu teh, maenya ti daerah nu susah ku
cai (tanah arab), bet ngiriman cai ka wewengkon nu
lubak-libuk ku cai.
5. Bawirasa simkuring ieu legenda/sasakala teh
ngandung siloka, nu kudu dibongkar kamana loyogna ieu
carita.

Tah kitu ambu, oge ari Prabu Wastukancana nu cenah
patilasannana di nusalarang, moal kitu eta teh sami
sareng anu dina silsilah Panjalu mah Prabu Hariyang
Kacana (Incuna Sanghiyang Cakradewa) anu patilasanana
di nusa ditengah Situ Lengkong anu oge eta tempat teh
katelah Nusa Larang, tambih deui di kampung Simpar
(basisir lebah kalereun situ aya hiji tempat patilasan
PUNI ANJUNG anu cenah istrina Prabu Wastukancana.
Kitu ambu, manawi atuh ambu gaduh katerangan nu tiasa
janten obor. Hatur nuhun.

Rampes,

Engkus
  
--- richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Kahatur KapayuneunKang Waluya,
> rehna ku REUEUS nataku  taQdir  janten URANG SUNDA ,
> narah kabelejog ku deungeun..mun lading  tea mah 
> beuki  diseukeutan (=diteuleuman)..horeng Sunda teh
> teu KODOL (carek Ciamis)..ku seukeut-seukeut SUNDA,
> nepi ka ari gobang kabuyutan dipesat teh iasa ka
> motong kapas (cnah ku sakaol). Kapan Karuhun Sunda
> mah elmu nu disebat kasakten..kadigjayan teh
> "ngeunteung ka diri" (aya di situs Kawali) nyarande
> ka indung sorangan (batu panyandaan..sang hiyang
> lingga hiyang..sang hiyang lingga bingba). Nu
> disebat  Bagawat Pohaci teh indung urang, Tatar
> Sunda..nu Suddha (nyacas, ngeplak herang lir cahaya
> buana).
> 
> Ari ngeunteung ka diri, nya ka diri  sorangan
> "introspeksi"  mulasara diri  nyaimbangkeun diri
> jeung dirina, eta ajaran Wastukancana (KAWALI) nu
> mawi mantena teh raja pang-soleh2na dina mangsa
> harita..eta kasakten urang Sunda mah "b/wani peureu
> tinggal nu atis tina rasa" ninggalkeun mersihkeun
> sagala kokotor  jiwa  jeung raga..dugi  ka "teu
> naon2 ku naon2"  - teu  kabengbat  ku sagala  rupi..
> ku bersih2na  (streril saur dokter mah)...dugi ka
> kokotor  teu kelu nempel (Prasasti Kawali VI : "Ulah
> Bobotoh Bisi Kakereh")
> 
> Janten KASAKTEN Sunda mah clik putih clak
> herang..besih jiwa raga lir cahaya sanes padu haok,
> padu gelut..ngadu jajaten ku pakarang...silih
> tubles..silih tuncleb...
> 
> Tah, Kang! Ajaran ngelmu kasakten ku bersih diri teh
> tos dipigaduh ku Urang Sunda ti BABAH HEULA
> (baheula) sateuacan "unsur luar lebet namu ka urang"
> 
> 
> Bade kumaha teu REUEUS atuh, keur naon milari ka
> batur da nu sorangan ge AHENG!    
> 
> Numawi abdi mah, satungtung Urang Sunda, saha wae
> anu butuh info sajarah satungtung aya nu di
> abdi...manggggaaaaa dihaturanan, moal dipeditkeun...
> 
> Akang ngalungkeun SUMEDANG? tah kanggo abdi mah
> data...janten kapincut.. bade ngawitan milarian...
> 1) Aya naon di Sumedang?
> 2) ti iraha Sumedang aya, naha bet dinamian Sumedang
> 3) unsur "su" - medang merupakan partikel pangaruh
> Jawa...sementara mdang = pusat > madhya ing, apakah
> mungkin ini pengaruh mataramisasi..sejaman dengan
> Cirebon dan kerajaan2 lainnya? ini sebagian
> pertanyaan dan kerangka pikir yang bisa dikaji.  
> 
> Nyanggakeun
> AMBU
> 
> waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:         
>                      
>  
>  
>      
>                                
> 
>        
> ---------------------------------
> Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.
> 
> [Non-text portions of this message have been
> removed]
> 
> 



      
____________________________________________________________________________________
Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke