Hatur nuhun ka Ambu sareng Kang Engkus Ruswana anu parantos ngabejer 
beaskeun kecap "Mandalaherang". Ti keur budak keneh, kuring sok 
heran ku aran desa kuring, sabab beda jeung aran desa tatangga 
sabudeureunana nu sadayana nganggo aran "ci" (cimalaka, ciuayah, ci 
beureum). Ka aneh kuring, mucunghul deui, waktu nonton acara 
MetroTV, nu ngawancara saurang ahli (sigana mah saprofesi sareng 
Ambu, Professor, istri) cenah konsep pendidikan pasantren di Jawa 
teh sabenerna ngadopsi "Mandala" di jaman samemehna. Lamun teu lepat 
ceuk sang Prof, Mandala teh tempat ngadidik agama/spritual. Jadi 
rada caket sapertos nu disebat ku Kang Engkus.

Tapi sanajan desa kuring make kecap Mandala, teu aya kabejakeun di 
jaman baheula tempat spritual, atawa paling henteu patilasanana. 
Ngan aya hiji tempat di tengah sawah nu loba batuna, ku urang lembur 
teh sok disarebut "KARAMAT". Tempat ieu teu disawahan. Teu jelas 
oge, kunaon tempat eta disebut Karamat, da sainget kuring, tara aya 
kagiatan spritual di tempat eta sanajan ukur urutna (meureun, kuring 
sanes akhlina dina nalungtik patilasan jaman kapungkur). Jeung aneh, 
naha disebut "karamat", padahal biasana di desa-desa di Sunda, 
tempat nu dikaramatkeun teh pan disebutna Kabuyutan .... tara 
disebut karamat.

Ke ah lamun "mudik" ka lembur, rek tataros, boa-boa enya desa asal 
kuring teh baheulana tempat spritual atawa "karang banjar 
pamidangan" sapertos disebat Ambu.


NB.
Kang Engkus, geuning saangkatan jeung kuring, waktu sakola kapungkur 
(1975). Terang teh tina direktori alumni 1975 ....

Baktos,
WALUYA

















> engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngiring mairan sun,
> 
> Mandala sami sapangartian sareng simkuring, mung
> palebah Jagat ageung nu kahatos ku simkuring nyaeta
> dunya gede ieu, sedengkeun jagat alit sakaterang
> kuring ngandung hartos diri ieu nu satangtung. Tah
> kumargi kitu,
> maandalaherang = diri nu cahayaan (gaduh
> wibawa/komara), atanapi = diri nu bersih
> (ucap-tekad-lampah nu kasucian), sami sareng
> mandalawangi = diri nu seungit (harum namanya ku
> ucap-tekad-lampah). Upami  kitu tangtos daerah
> Mandalaherang teh kapungkurna tilas tempat raja
> atanapi tempat pasucian (pandita), namun duka eta ge
> bawiraos simkuring nun.




PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa 
pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu 
mengupdate antivirusnya.
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke