Kahatur kang oman sareng mang h ogé baraya sanésna, Luyu sareng asupan (input) ti kang Oman sareng mh, tarjamahan Al Adiyat tos dirobih di wikipedia basa Sunda janten sapertos kieu: Al Adiyat
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda Luncat ka: pituduh, sungsi Al Adiyat العاديات Informasi Harti Kuda Perang Anu Lumpat Gancang Golongan Makkiyah Surah ka 100 Statistik Jumlah ruku' 1 ruku' Jumlah ayat 11 ayat Surah Al Adiyat diwangun ku 11 ayat sarta kagolongkeun kana surat makkiyah, surat ieu diturunkeun sanggeus surat Al Asr. Ngaran Al Adiyat dicokot tina kecap Al 'Aadiyaat anu hartina lumpat gancang anu aya dina ayat kahiji surat ieu. Poko-poko eusina: Anceman Alloh ka manusa anu jalir sarta anu pohara mitresna harta banda yén maranéhanana baris meunang balesan anu satimpal dina mangsa maranéhanana dibangkitkeun tina kubur sarta dina mangsa eusi harigu maranéhanana ditempokeun. Eusi jeung Tarjamah Ayat ka Tulisan Arab Tarjamah basa Sunda 1. وَٱلۡعَـٰدِيَـٰتِ ضَبۡحً۬ا Demi anu lalumpat tarik ngaharégak (pasukan kuda perang anu tararik lumpatna). 2. فَٱلۡمُورِيَـٰتِ قَدۡحً۬ا (demi) anu ngaluarkeun seuneu patingburinyay (talapok-talapok suku kuda dina pasukan kuda anu lumpat tararik). 3. فَٱلۡمُغِيرَٲتِ صُبۡحً۬ا (demi pasukan kuda) anu terus narajang ka tengah pasukan musuh dina wanci subuh 4. فَأَثَرۡنَ بِهِۦ نَقۡعً۬ا mangka (éta pasukan kuda téh) harita ngaburisatkeun kebul taneuh (liliwatanana). 5. فَوَسَطۡنَ بِهِۦ جَمۡعًا mangka (éta pasukan kuda téh) harita terus narajang ka tengah-tengah pasukan musuh. 6. إِنَّ ٱلۡإِنسَـٰنَ لِرَبِّهِۦ لَكَنُودٌ۬ Saéstuna manusa téh éstuning bedegong ka Pangéranna. 7. وَإِنَّهُ ۥ عَلَىٰ ذَٲلِكَ لَشَہِيدٌ۬ Jeung saéstuna manéhna (manusa) nyakséni kana kalakuan kitu (bedegong) na téh. 8. وَإِنَّهُ ۥ لِحُبِّ ٱلۡخَيۡرِ لَشَدِيدٌ Jeung saéstuna manéhna (manusa) téh kacida mikacintana kana harta. 9. أَفَلَا يَعۡلَمُ إِذَا بُعۡثِرَ مَا فِى ٱلۡقُبُورِ Mangka, naha manéhna teu nyaho kumaha engké nalika poéan dibudalkeunna saniskara anu aya dina jero kubur? 10. وَحُصِّلَ مَا فِى ٱلصُّدُورِ Jeung nalika poéan diébréhkeunna saniskara anu aya dina jero dada? 11. إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ Saéstuna Pangeran maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé éta. Tumbu kaluar Al-Adiyat at Sacred Texts Al-Adiyat at Altafsir.com Rujukan Al-Amin Al-Quran Tarjamah Sunda ku K.H. Qamaruddin Shaleh, C.V. Penerbit Diponegoro, Bandung, 2003. Al Quran dan Terjemahnya, Departemen agama, C.V. Toha Putra, Semarang, 1971 Surat sateuacanna: Surah Az Zalzalah Surat 100 Surat saparantosna: Surat Al Qori'ah Al Qur'an 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15 16 17 18 19 20 21 22 23 24 25 26 27 28 29 30 31 32 33 34 35 36 37 38 39 40 41 42 43 44 45 46 47 48 49 50 51 52 53 54 55 56 57 58 59 60 61 62 63 64 65 66 67 68 69 70 71 72 73 74 75 76 77 78 79 80 81 82 83 84 85 86 87 88 89 90 91 92 93 94 95 96 97 98 99 100 101 102 103 104 105 106 107 108 109 110 111 112 113 114 Kotak ieu: tempo • sawala • édit Kategori: Surat dina Al Qur'an Bilih waé aya anu anu kedah diédit deui, mangga waé saurkeun. Salam, Asep --- On Tue, 9/2/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang To: [email protected] Date: Tuesday, September 2, 2008, 4:43 AM Dina prinsipna memang kudu sakumaha anu diusulkeun ku Mh. Satekah polah urang kudu narjamahkeun teh make struktur basa tarjamahan, sabab umat anu dipayunan ku urang eta sarua make struktur basa tarjamahan (dina lebah dieu nya struktur kalimah basa Sunda). Mangga, anu ti abdi oge dikoreksi wae bisi masih ngagunkakeun struktur basa Arab mah. manAR On Tue, Sep 2, 2008 at 3:33 PM, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > Kumaha tah kang Oman sapagodos, teu? Upami sapagodos, ku abdi bade dirobih > deui enjing. > > Salam, > Asep > > > > --- On Tue, 9/2/08, mh <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: > > From: mh <[EMAIL PROTECTED] com> > Subject: Re: [kisunda] Kuda perang anu lumpatna gancang > To: [EMAIL PROTECTED] .com > Date: Tuesday, September 2, 2008, 4:20 AM > > 2008/9/2 oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>: >>> 11. >>> إِنَّ رَبَّہُم بِہِمۡ يَوۡمَٮِٕذٍ۬ لَّخَبِيرُۢ >>> Saéstuna Pangéran maranéhna kana kaayaan maranéhna dina poé éta téh >>> bener-bener Maha Uninga >> >> ===> Saéstuna Pangeran maranéhna kana kaayaan maranéhna dina poé éta >> bener-bener Maha Waspada >> (catetan: khobaro = uninga samemeh kajadian) >> > > nu ieu mah, ceuk uing mah, asa kurang genaheun. jigana dina > narjamahkeun urutan kecap dina basa arab, jeung urutan kecap dina basa > tarjamahanana kaci wae teu sarua. atawa aya kaedah kitu, dina > narjamahkeun urutan kecap dina basa aslina, kudu sua jeung urutan > kecap dina basa tarjamahana. > > mun ditarjamhkeun kieu kaci teu: > Saéstuna Pangeran maranéhna Maha Waspada kana kaayaan maranéhna dina poé > éta. > > salam, > mh > >
